Rarangken Tukang

share to whatsapp


Rarangken tukang nyaeta rarangken anu ngantet tukangeun wangun dasar. Rarangkeun tukang dina basa Sunda di antarana:

1. Rarangken Tukang -an
Guna jeung harti rarangken -an:
- tempat
Conto: Si eta mah geulis-geulis tapi unggal peuting ulinna di kuburan.
- hasil
Conto: Kabeh hutang kuring aya dina catetan Neng Aura Kasih.
- anu di-...-keun
Conto: Dagangan kuring poe ieu mah beak diacak-acak gorila!
- parabot/anu dipake:
Conto: Cik nginjeum timbangan lah. Arek nimbang kulkas yeuh!
- Boga sifat
Conto: Kuring mah lamun dahar lotek resep nu atahan wae.
- anu di-
Conto: Kuring mah guguru ka Mbah Jambrong teh boga ajian halimun tiis.
- hasil/asal ti
Conto: Mang Uned resep make batik cirebonan.
- anu bisa di-
Conto: Tingali tah bacaan nu aya dina tembok: Ucih lope Udung.
- nitah supaya
Conto: Cik alaan tah ranjau darat teh. Lumayan beusina bisa dikilo.
- nitah supaya dibere
Conto: Bantuan atuh euy 67 juta wae mah, hayang meuli odong-odong anyar.
- ngalakukeun
Conto: Mang Ucid keur latihan nahan gaplokan pamajikanana.
- supaya dijadikeun
Conto: Cik gedean atuh boga liang irung teh!
- boga sipat
Conto: Bener si eta mah wanian, preman keur nyeri huntu ge sirahna dibabuk ku talenan.
- boga:
Conto: Geus diwedak make Saripohaci mah, beungeut Jang Juhro beuki katingali cahayaan.
- nitah supaya make
Conto: Cik atuh bajuan heula eta anak entog teh!
- kaluar/bijil
Conto: Si Rambo cenah keur leutikna lehoan.
- gundukan/sababaraha
Conto: Juragan Ucis mah di imahna ngoleksi jubleg ratusan.
- kumpulan/...urang
Conto: Eta endog cakcak hiji teh dibagi-bagi ku limaan.

2. Rarangken Tukang -eun
Guna jeung harti rarangken tukang -eun:
- anu rek/anu bisa di-
Conto: Ari dahareun kuring tadi dibawa ku saha nya?
- bahan/anu bisa dijieun
Conto: Hese pisan di Inggris mah meuli seupaheun teh!
- tempat/arah di
Conto: Eta mojang geulis teh diuk gigireun kuring, tuluy teurab mani tarik.
- kasakit
Conto: Maenya aya foto model cacingeun?
- boga sipat/bakat
Conto: Manehna mah ti leuleutik kuuleun.
- dina kaayaan
Conto: Buru atuh udag kareta apina, bisi tinggaleun!
- jalma katilu dina kaayaan
Conto: Si eta embungeun lamun dititah naek kana tihang listrik teh.
- bagian
Conto: Tah, ayeuna kuringeun nu curhat!

3. Rarangken Tukang -keun
Guna jeung harti rarangken tukang -keun
- nitah supaya dilakukeun
Conto: Cik alungkeun lah eta granat teh!
- nitah supaya di-
Conto: Yeuh, sok catetkeun ku maneh saha wae nu arek diondang engke dina lomba ngudag kunti teh.
- nitah supaya dijieun jadi
Conto: Ancurkeun lah eta sayang kararangge teh.
- nitah supaya dipake
Conto: Cik ieu kolotok munding teh kongkorongkeun dina beuheung maneh, pantes teu?

4. Rarangken Tukang -na
Rarangken tukang -na mibanda alomorf -ana jeung -nana. Rarangken -na robah jadi -ana upama ngantet kana:
- wangun dasar anu geus dirarangkenan ku -eun
Conto: dahareun + -na --> dahareunana
- wangun dasar anu dirarangkeunan ku -an
Conto: kabehan + -na --> kabehanana
- wangun dasar anu geus dirarangkena ku -keun
Conton: mawakeun + -na --> mawakeunana

Guna jeung harti rarangken -na:
- Milik
Conto: Jang Emplud keur ngobrol jeung kabogohna di luhur suhunan.
- nincak kana waktu
Conto: Teu karasa, geus tujuhna cucunguk uing paeh.
- hal anu tangtu
Conto: Kalem, engke balikna urang rek nyimpang heula ka Istana Negara.

5. Rarangken Tukang -ing/ning
- Rarangken tukang -ing dipake upama ngantet kana wangun dasar anu ditungtungan ku konsonan.
Conto: bakat + -ing ---> bakating
- Rarangken tukang -ning dipake upama ngantet kana wangun dasar anu ditungtungan ku vokal.
Conto: estu + -ning --> estuning

Guna jeung hartina:
- panganteb
Conto: Mungguhing dina impenan geuning sakitu pehulna.

Sumber (kalayan parobahan): Galuring Basa Sunda (Budi Rahayu Tamsyah, Spk. Penerbit Pustaka Setia, April 2001)



Follow:
Instagram twitter