Gunem Catur di Nagri Balakasadut

share to whatsapp

"Naha nya euy si Gayus basa lalajo tenis di Bali bet make wig?"
"Mun make mahkota mah atuh kudu diiringan ku gamelan. Komo mun make tiung mah atuh pisakumahaeun anehna! Meunggeus ah sok ngararamekeun nu garelo!"
"Is, lain kitu. Kuring mah salaku rahayat sok aneh! Asa ngalelewe!"
"Panan eta bisana, si Gayus teh hayang ngabuktikeun slogan: Apa kata dunia? teh naha bener. Tah, dunia ayeuna geus ngaromong. Kaasup ilaing sibuk ngomentaran!"
"Atuh lamun kitu mah, gampang ngabedakeun jelema eusleum jeung nu cageur di nagara ieu mah: ku wig!"
"Heueuh. Aya bahan tukang wig payu nya? Eta wig bisa jadi sajarah! Aya bahan engke mah wig nu dipake si Gayus bisa jadi barang antik!"
"Eta ciri, yen lain artis wae nu boga mode teh. Ayeuna mah jelema balakasadut ge geus nyieun trademark sorangan. Boa-boa isuk pageto mah tiap nu areusleum teh boga ciri: rampog make ciput atawa helm full face, bangsat hayam ditutupan sarung, koruptor make wig, mafia hukum make sanggul, taah.... copet mah marake bondu!"
"Ari bangsat sendal di masjid?"
"Alusna mah buukna dipitaan! Jeung deuih kabeukina beda nya?"
"Maksudna?"
"Enya mun golongan jiga si Gayus resep lalajo tenis. Atuh nu lain mah, mun ulin kaluar ti penjara teh bisa: resep lalajo bioskop, lalajo kuda lumping, atawa resep lalajo mengbal tarkam."
"Lain masalah etana. Pikeun jelema nu karitu patut mah kuduna nu kudu ditengetkeun teh masalah fungsi penjara. Ari geus kitu mah naon bedana penjara jeung mall? Bisa kaluar-asup sangeunahna!"
"Bosen meureun di jero. Matakna ulin heula!"
"Enya, sarua jeung keneh-kehed... ngulinkeun hukum oge."
"Ngeunah nya bisa ngulinkeun hukum mah. Teu jiga bangsat leutik!"
"Matakna mun ngabangsat tong kagok. Nu gede sakalian!"
"Heueuh! Tong kagok nya... sakalian we eta Monas tuar...tuluy ringkid ka imah!"
"Sia mah nya. Maksud teh duitna nu kudu badag jeung jaringanna nu kuat. Kudu boga balad nu bisa silih sumput salindungkeun! Hese tah neangan tempat keurseusna. Matakna koruptor di urang mah boga ageman: Di mana langit dipijak di sana langit dijunjung! Hartina kedah ngartos kana budaya."
"Jeung Pengalaman adalah guru yang terbaik. Si Gayus bisa kitu ge da diajar tina pangalaman. Bisaan oge nya? Teu beda jauh jeung sinetron. Aya aktor, aya sutradara di tukangeun layar, nepi ka aya juru rias. Da matak si Gayus make wig ge meureun atas masukan ti tukang tata rias! Ceuk uing mah naon capena atuh si Gayus teh beungeutna mehongan wae make areng. Maenya di Bali euweuh areng mah?"
"Ilaing mah boga imajinasi teh sok jiga papatong, hiber ka ditu ka dieu. Puguhan. Ngan bangsa urang mah kaasup bangsa latah. Kumaha usumna. Boa teuing isuk pageto mah aya wig model Gayus. Jiga baheula euforia buuk Demi Moore!"
"Asal tong usum nurutan jiga kalakuan si Gayus we!"
"Alusna mah kitu. Ngan nyaho sorangan... nu baredegong mah moal bisa digeunggeureuhkeun, tong boroning ku jelema, ku alam ge teu sadar!"
"Heueuh, momen Mentawai, Gunung Merapi, datangna Obama mah keur kaom nu karitu mah jigana bungah. Asa kapindingan meureun nya kasus-kasusna! Rada katutup beritana."
"Puguhan. Asa hese ojah bangsa urang mah. Teuing dihaja atawa henteu. Sok mun urang rajin nengetan... berita nu kurang merenah teh ampir unggal saminggu atawa sabulan sakali aya we silih timpah Jadi hese rek mikir positif keur ngawangun bangsa nagara teh. Cik atuh kali-kali mah beritakeun ngeunaan keberhasilan bangsa urang. Da teu saeutik atuh..."
"Saha atuh bandarna badnews teh?"
"Kuya batok meureun!"
"Tapi aya saeutikna ge nu berhasil teh!"
"Saha?"
"Eta tukang baso jeung nasi goreng nu kapake ku Barack Obama!"
"Heueuh, geuning bangsa urang teh leuwih keneh dihargaan baso jeung nasi goreng...tibatan para inohong nu ngaku ngurus nagara jeung rahayat, nya? Pasalna eta ngabuktikeun: Apa kata dunia? oge. Eta pertanyaan teh ku Barack Obama dijawab: Enaaaak!"
"Karek nepi ka dinya meureun harga bangsa urang mah!"
"Eta hartina urang kudu balik ka akar. Ciri bangsa urang nu sederhana tapi bisa mengguncang dunia! Teu pira ku baso jeung nasi goreng. Tingali tukang baso nu ditanggung, tukang nasi goreng nu ngadodorong roda. Kajeun sakitu kaayaanana, tapi manehna bisa meunangkeun hasil keur hirup tina kesang sorangan. Beda jeung si Gayus... golongan PNS sakitu ge geus bisa ngahasilkeun milyaran!"
"Berarti kabeh siloka nya? Aya keneh pakuat-kaitna!"
"Siloka teh keur nu mikir. Ari pikiranna hayoh dipinuhan ku uteuk korupsi mah... boro-boro mikiran nasib tukang baso!"
"Ah, asal tukang basona bari dagang tong make wig! Matak rujit ningalina ge!" © Abah Amin

Foto olahan kenging Kang Andrie Arshavin



Follow:
Instagram twitter