Wawales ka Budak Bangor

share to whatsapp


Saha nu teu apal atuh ka Jang Ojil, budak bedegong tur harak ka batur. Teu kaop ningali babaturanana ulin, manehna pasti ngaganggu jeung ngajailan. Jiga kamari manehna ngaganggu batur ulinna nu keur nyieun gugunungan dina keusik nu rek dipake bahan bangunan imah Mang Endin.

"Horeeee, gunungna jadi nya euy?" ceuk Jang Ipan.
"Hehehe. Hade pisan hasil kerja sama urang teh, nya?" ceuk Jang Icam.
Na atuh. ti kajauhan... Jang Ojil serenteng teh lumpat bari langsung najong eta gugunungan. Gugunungan nu meunang hese dijieun teh ancur! Jang Ipan jeung Jang Icam ngan silih pelong bari hate mah ambek kabina-bina. Tapi sieun tuda mun rek dilawan, geus nyaho Jang Ojil mah budakna beuki pisan mun gelut teh.
"Naon siah? Wani ka uing? Tuh... gugunungan goreng patutna ancur ku uing: si Hulk!" ceuk Jang Emplud bangun ngalelewe. Tuluy manehna indit... ngungudag soang Ceu Uyuy.

Jang Ipan jeung Icam katingali nyieun deui gugunungan. Ayeuna mah bari patingharewos. Geus rada lila, Jang Ojil datang. Manehna nyerengeh: "Ditajong deui siah ku uing gugununganana!" bari ningali gugunungan dina keusik nu sagede aseupan tea.

Manehna ngawahan, tuluy sateker kebek najong eta gugunungan! Na atuh:
"Wadaaaaaaaaaw. Emaaaaaaaaaa.......!!!" goak teh Jang Ojil ceurik gagauran, bari aduh-aduhan nyepengan ramo suku katuhuna. Gugunungan tina keusik nu paburantak teh ancur luhurna wungkul. Di jerona? Katingali aya batu sagede kastrol! © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter