Karunya

share to whatsapp

"Ma, ari Gunung Merapi teh bituna pohara pisan, nya?" tanya Jang Ojil waktu nonton berita ngeunaan ngabeledugna gunung Merapi di TV.
"Nya, Jang. Malahan cenah penduduk di wewengkon sabudeureun Merapi mah kudu ngarungsi. Da eta sieun ku wedhus gembel jeung lahar!" jawab Nyi Ikem bari gegeroh.
"Bah Maridjan ge maot nya, Ma?"
"Nya. Beunang ku haseup panas. Ke heula, ari maneh ku naon titadi tatanya wae Merapi. Teu boga dulur ieuh di ditu ge!"
"Lain Ma. Ujang mah karunya..."
"Karunya ka saha?"
"Karunya ka Mak Lampir jeung si Gerandong! Maranehna salamet teu, nya?"
"Beu! Maneh mah Ojil! Kitu tah ari geus weureu lalajo Misteri Gunung Merapi teh!"

© Abah Amin





Follow:
Instagram twitter