Jiga Gunung Merapi

share to whatsapp

Mang Emplud ti sore keneh geus katingali guligah. Nyi Ikem surti.
"Buru atuh Nyi. Ti kamari, Akang geus status waspada jeung siaga wae yeuh!"
"Ke heula atuh, Kang. antosan engke wengi wae lah! Cik atuh gaduh magma teh tong sina aktif teuing!"

Peutingna....
"Nyi. Geus status awas yeuh!"
"Nyai ge ngartos. Tapi si Jang Ojil moal diungsikeun heula? Engke pas bade bitu bilih nyangka aya lini!"
"Diungsikeun ka mana?"
"Sina ka Posko we. Ka bumi Abah."

Mang Emplud nitah Jang Ojil sangkan maturan mitoha lalakina nu hirup nyorangan. Untung Jang Ojil daekkeun.
"Nyi. Tong poho mawa elap. Bisi lahar dingin atawa lavana loba..."
"Atos Kang. Sugan we bisa jadi anak Krakatau, nya? Tos lami Jang Ojil ngarep-ngarep gaduh adi."
"Engke jagaan nya mun geus bitu. Bisi laharna ngalir ka Kali Gendol atawa ka Kali Boyong!"

© Abah Amin





Follow:
Instagram twitter