Kakayaan Sultan Brunei

share to whatsapp

Ari letah urang Barat mah geuning sok beda jeung urang dina ngucapkeun hiji kecap teh, jiga Usamah bin Ladin... jadi Osama bin Laden. Kitu oge Brunei nu dilafalkeun jadi Borneo. Borneo nyaeta ngaran alternatif pikeun Kalimantan sarta katelah alatan salah lafal padagang Eropa (Inggris) abad ke-17 ka ngaran Brunei ("Barune", nurutkeun Kitab Negarakertagama mah). Dina mangsa eta, Brunei mangrupa salah sahiji palabuhan dagang penting pikeun produk hasil leuweung.

Dina pamakean internasional, ngaran "Borneo" leuwih loba dipake. Dina konteks Indonesia, istilah ieu sering oge dipake pikeun ngarujuk ka Pulo Kalimantan sakuliahna: kaasup Sabah, Sarawak, sarta Brunei. Minangka perbandingan, kecap "Kalimantan" (anu sabagean wilayahna mangrupa urut wewengkon Karajaan Banjar) dipake pikeun ngarujuk ka bagian pulo anu diadministrasi ku Indonesia.

Tah, teu rame lamun ngabahas nagara Brunei teu ngabahas kakayaan nu aya di kulawarga kasultanan. Hayu urang mikawanoh Sultan Brunei, sugan we kacatetkeun jadi salah saurang minantuna. Saha ngaran lengkep Sultan Brunei nu ayeuna teh? Insya Allah, matak hese mun dipanggil waktu keur uubar di Puskesmas Bojongsoang mah, ngaranna mah: Di Bawah Duli Yang Maha Mulia Paduka Seri Baginda Sultan Haji Hassanal Bolkiah Al-mu'izzaddin Waddaulah ibni Almarhum Sultan Omar Ali Saifuddin... dalam tempo yang sesingkat-singkatnya, Jakarta 17 Agustus 1945.

Sultan Hassanal Bolkiah teh lahir 15 Juli 1946, nyaeta Sultan Brunei anu ka-29 sarta mangrupakeun putra cikal Sultan Omar Ali Saifuddin Sa'adul Khairi Waddien sarta lanceuk ti putra Jefri Bolkiah. Manehna nyaeta sultan kahiji Brunei anu boga daulat pinuh; samemehna Brunei mangrupa protektorat Britania Raya.

Sultan Hassanal Bolkiah lahir di Bandar Seri Begawan. Salain jadi sultan, Sultan Hassanal Bolkiah oge nyekel kalungguhan Perdana Menteri, Menteri Pertahanan, sarta Menteri Keuangan Brunei. Henteu soteh meureun jadi Ketua RW di lemburna... pokona mah posisina geus baseuh, nya seubeuh! Sultan ieu diangkat jadi putra mahkota taun 1961 sarta ditabalkan jadi Sultan dina 5 Oktober 1967, sanggeus bapana turun tahta sacara sukarela. Manehna ngabogaan kakayaan pribadi anu pohara loba sarta cenah ditujukeun pikeun ngademokrasikan Brunei Darussalam.

Ayeuna urang asup kana bagbagan harta kakayaan (punten, ieu data asli sanes gosip ti tukang nyegik.). Sultan Hassanal Bolkiah, salah saurang Sultan anu pangbeungharna di dunya. Kakayaan Sultan, naek jumlahna nepi ka 90 euro (kira-kira Rp. 1.000.000,- leuwih) saban detikna! Ieu hartina, kakayaanana per menitna nambahan 5.400 euro (kira-kira Rp. 60 juta leuwih). Mun diitung per jam? 324.000 euro (Rp. 3,6 milyar leuwih). Sapoena? 776.000 euro (kira-kira Rp. 8,64 milyar leuwih), atawa 54.432.000 euro (Rp. 60,48 milar leuwih) per mingguna. Beuh, lieur oge loba duit teh, komo mun duitna kencring kabeh! Bagja keneha jadi jelema miskin geuning. Kajeun duit jeung kakayaan saeutik ge, alhamdulillah pikiraneun mah teu weleh datang unggal waktu jeung tetep pakojot... alias koreh-koreh cok!



Juragan Sultan teh hirup pinuh ku kamewahan sarta kakayaanana lobaaaaaaaaa pisan, ampir sakabeh perlengkapanna dijieun tina emas. Kade, sanes Mas Tukijo atanapi Mas Markino! Ieu mah estuning emas asli nu harerang koneng tea. Cenah waktu keur leutikna ge manehna mah biasa dahar make sendok nu dijieun tina emas. Pakeanana oge sulamanna tina emas jeung perak. Untung teu tina perunggu ge, da sieun disangka jadi perolehan medali Sea Games.

Istanana diwangun ti 1.788 rohangan anu dilengkepan parabotan nu dijieun tina emas sarta bertatahkeun berlian, 257 kamar mandi anu dihias ku emas jeung perak, sarta garasi anu bisa nampung 110 mobil (Gusti, asa di lapang Monas wae!). Istanana ngabogaan 650 kamar mewah (jiga suite room anu aya di hotel berbintang), unggal parabotan hargana henteu kurang ti 150.000 euro (kira-kira Rp. 1,7 milyar). Teu kabayang mun eta kamer dikos-koskeun ka budak mahasiswa atawa pagawe pabrik. Pasti, peutingna sare di kamer kosan... isuk-isukna geus ngagantung diri, da beurat ku mayarna.


Pesawat pribadi Sultan nyaeta pesawat paling mewah di dunya anu dilapis ku emas oge. Sultan oge ngabogaan pesawat Boeing 747 nu hargana ratusan juta dollar anu didesain deui jadi kawas di imah kalayan make waragad 120 juta dollar (kira-kira Rp. 1,1 triliun). Tambahanana, tempat mandina ge dijieun tina emas murni. Salain ti eta, Sultan oge ngabogaan 6 pesawat leutik sarta 2 helikopter. Tah ieu poto pesawat jeung eusi di jerona. Aya bahan urang mah embung turun sanajan pesawat geus landing ge.





Ari mobilna? Sultan pesen husus ka pabrik mobil Rolls Royce nu ngagabungkeun desain mobil pribadi Sultan jeung desain mobil Porsche. Mobil mewah ieu kiwari aya di London pikeun dipake Sultan lamun manehna nganjang ka Inggris. Harita ge cenah rek diajaran dipake di Bandung, ngan sieun ku caah cileuncang jeung macet!

Tah, waktu acara kawinan anak Sultan (9 September 2004), pestana lumangsung salila 14 poe, meakkeun waragad kira-kira 5 juta dollar (kira-kira Rp. 46 milyar leuwih), dihadiran ku leuwih ti 25 kepala negara sarta para barayana. Mun teu salah, harita Presiden Megawati oge ngahadiran.

Data sejenna, nurutkeun Wikipedia, Sultan Brunei ngabogaan:
- 531 mobil Mercedes Benz
- 367 mobil Ferrari
- 362 mobil Bentley
- 185 mobil BMW
- 177 mobil Jaguar
- 160 mobil Porsche
- 130 mobil Rolls-royce
- Sarta 20 mobil Lamborghini, nepi ka jumlahna 1.932 mobil!

Kajeun sakumaha beungharna ge, manehna ngan:
- Sare di luhur hiji tempat sare/ranjang.
- Mun dines ngan make hiji mobil.
- Tempat gawena ngan cicing di hiji rohangan.
- Ngagunakeun hiji toilet.
- Lamun tunduh sok heuay... nya lamun sare oge sok peureum.
- Tuangna angger digayem heula, tara langsung diselewegkeun.
- Osok kahampangan jeung sok miceun saperti jalma normal.
- Waktuna sarua sapoe-sapeuting 24 jam, sabulan 4 minggu, sataun 12 bulan.
- Sami-sami sareng urang nuju waitinglist oge pikeun ka alam kalanggengan. Duka iraha.

Bedana? Ngan dina faktor "n" alias nasib. Ari manehna mah beunghar 7 turunan, jeung masih kaasup runtuyan 7 turunan keneh. Ari urang-urang? Beunghar mah sarua 7 turunan... ngan hanjakal urang mah turunan ka 102.980.293!



Follow:
Instagram twitter