Akuku, si Raja Nyandung

share to whatsapp

Di salah hiji media di Kenya, saurang lalaki kasohor geus kawin henteu ngan ukur ku cukup hiji .. dua.. tilu.. atawa opat pamajikan, tapi nepi ka kawin 130 kali! Boga lakon eta nyaeta Asentus Ogwella Akuku, lamun aya penghargaan pikeun palaku "loba cabang pamajikan" panglobana, Akuku bisa jadi meunang medali emas jeung juara umum. Saking populerna dina bab nyandung, pasal ngawayuh, ayat beuki kawin.

Akuku sok menta bayaran lamun diwawancara media. Di umur 22 taun, Akuku geus kawin ka lima wanoja. Di umur 35 taun, manehna kawin pikeun ke-45 kalina. Babaturanana sok ngalandian si “Danger” atawa “Bahaya” alatan pangabisana mikat wanoja tuluy diajak ka bale nyungcung. Teuing meunang pelet ti mana, meureun kolaborasi antara pelet Marongge jeung pelet Kenya, kitu? Akuku ngaku geus kawin 130 kali, tapi ngan 40 anu diaku adat satempat. Leuwih ti 80 pamajikanana geus diceraikeun.

Juru bicara kulawargana, Tom Akuku, nyebutkeun yen ti 40 pamajikan anu sah, 22 urang di antarana masih hirup. “Anjeunna ngabogaan 210 anak, 104 anak awewe sarta 106 anak lalaki, anu sawarehna mah geus maot,” cenah. Turunan Akuku ayeuna hirup sumebar di Kanyamwa sarta Aora Chuodho di wewengkon Ndhiwa sarta Karungu di Nyatike, Kenya. Sawareh anak sarta incu-incuna meunang atikan anu lumayan kaperhatikeun, malah sawareh aya nu digawe di lembaga pamarentah jeung swasta.

Poe Minggu janari, 3 Oktober 2010, Akuku ngadadak labuh sarta dibawa ka rumah sakit. Waktu nepi di rumah sakit jam 2 janari, Akuku tilar dunya alatan panyakit diabetes. Maotna ninggalkeun carita yen manehna salah saurang palaku poligami panglobana anu kacatet dina sajarah. Salah saurang incuna, Maureen Ochido nyebutkeun, “Aki kuring saurang anu pohara someah sarta sok mikanyaah ka saha wae. Ngan sipat eta kadang mindeng disalahartikeun ku jelema nu teu apal saha aki kuring sabenerna!”

Tah, ieu nu disebut kawin jeung urang salembur teh. Nya hartina, kabeh awewe nu aya di lembur dikawin ku sorangan! Engke Pemilu 2014 sugan bisa jadi picontoeun pikeun para caleg lalaki. Lumayan engke pamajikan jeung turunan nu ratusan eta bisa keur nambah-nambah sora di Pemilu! Ngan, omat... calon pamajikan nu rek diwayuhna kudu urang Kenya nu "diimpor" ka dieu alias dinaturalisasi.



Follow:
Instagram twitter