Profil De Kabayan

share to whatsapp


De Kabayan kaasup grup lawak fenomenal ti Tatar Sunda. Ieu group ti Kota Bandung teh diadegkeun ku 5 personil, nyaeta: Aom Kusman, Kang Ibing, Suryana Fatah, Wawa Sofyan, sarta Mang Ujang. De Kabayan mimiti dipikawanoh sakitar taun 1976 sarta kasohor pisan sabada Kang Ibing maen film Si Kabayan, babarengan Lenny Marlina (pemeran Nyi Iteung) taun 1975.

Unggal personil De Kabayan ngabogaan ciri has dina merankeun peranna masing-masing. Kang Maman landian Kang Ibing ngawakilan urang Sunda anu boga sosok lugu. Balas ku luguna, Kang Maman sanggup ngajengkelkeun atawa ngalieurkeun ka lawan ngomong. Ari Aom Kusman nyaeta sosok playmaker, pangatur alur obrolan anu biasana jadi sosok pang-'waras'-na dina saban carita. Suryana Fatah nu landianna Koh Holiang, nyaeta sosok etnis Tionghoa anu cadu kudu eleh jeung ngomongna sok heuras, najan ngabingungkeun. Wawa Sofyan landian Mas Sastro jadi kaum abangan Jawa anu saeutik jumawa. Terahir aya sosok Mang Ujang, manehna jadi sosok urang Sunda anu saukur pelengkap sarta mere umpan lucu ka nu lian.


Taun 80-an mah kaset lawak memang lain barang anu langka. Jaman harita mah lawakan salain ngandelkeun manggung di TVRI oge dina sagala rupa pentas sejenna. Tah, eksistensi group lawak loba ditopang ku penjualan kaset rekaman mangrupa lawakan sarta lagu-lagu. Salain De Kabayan aya Surya Grup, Warung Kopi (Warkop) Prambors, Jayakarta Grup, Pancaran Sinar Petromaks, nepi ka Sersan Prambors. Ngan pikeun urang Sunda mah, saha atuh nu teu apal ka De Kabayan? Malah nepi ka ayeuna ge masih keneh diputer, bebelaan dipindahkeun tina kaset kana format MP3. Teu salah lamun dina internet ge link banyolan-banyolan De Kabayan mah rea di-download ku baraya nu mikaresep humor Sunda.

Di handap ieu profil sababaraha urang anggota De Kabayan (punten profil nu sanesna sanes teu malire, namung referensina sesah pisan dikorehan teh).

Aom Kusman

Ngaran aslina mah Kusman Kartanegara. Ari sebutan 'aom' teh baheula sok dipake pikeun anak bupati, di mana pikeun lalaki digeroan 'aom' sarta pikeun awewe digeroan 'juag'. Alhasil ngaran Aom Kusman leuwih populer tinimbang ngaran aslina.

Kang Aom teh kalahiran Sukabumi, 24 Juni 1946. Kang Aom waktu leutikna mah loba di Sukabumi. Kabeneran jaman harita, bapana nyekel kalungguhan patih Sukabumi. Tapi, pas nincak bangku SD, Kang Aom cicing di Kota Garut, kabeneran bapana kapapancenan jadi bupati Garut.

Tuluy Kang Aom hijrah ka Bandung waktu nuluykeun kuliahna di Jurusan Hukum Internasional Fakultas Hukum Universitas Padjadjaran (taun 1965). Alesan Kang Aom milih Jurusan hukum kusabab Kang Aom waktu keur budak kungsi ngabogaan obsesi hayang jadi duta besar. Panan duta besar mah bisa ngurilingan dunya jeung boga duit loba. Tapi, obsesi kasebut pareum alatan aya beja ti babaturan deukeutna cenah duta besar mah ngan meunang gaji Rp. 50.000,-! Antukna Kang Aom ngabolaykeun obsesi nu dipendemna ti leuleutik. Tapi ka dituna mah geuning teu nyangka, eta babaturan nu ngabejaan teh kalahkah jadi jelema sukses gawe di Deplu.

Ngaran Aom Kusman terus ngalejit sabab Kang Aom kaasup seniman multitalenta, Kang Aom bisa jadi MC (Master of Ceremony), ngalawak (waktu gabung dina duet Ibing - Kusman), nepi ka maen film. Popularitas Kang Aom oge beuki kadongkrak waktu jadi nu pembawa acara kuis "Siapa Dia' di TVRI (1990 - 2000).

Kang Ibing

Ngaran aslina mah Raden Aang Kusmayatna Kusumahdinata. Kang Ibing lahir di Sumedang, tanggal 20 Juni 1946. Salain katelah jadi pelawak Sunda anu kagabung dina group lawak De Kabayan babarengan jeung Aom Kusman, Suryana Fatah, Wawan Sofyan sarta Mang Ujang, Kang Ibing oge ngabogaan profesi jadi bentang film, penyiar radio, sarta mubaligh.

Naha bet katelah dilandih "Kang Ibing"? Cenah baheula waktu mimiti jadi penyiar radio Mara, Kang Ibing kaasup penggemar artis: Bing Slamet. Saterusna eta kecap "Bing" dipake landihan sarta ditambah jeung hurup "I" ambeh henteu sarua, ku kituna jadi "Ibing". Minangka pelengkapna, dipake kecap "Kang" anu oge boga fungsi minangka sebutan ka lalaki anu leuwih kolot, hususna di wewengkon Parahyangan. Ku kituna, jadil we sebutan Kang Ibing katelah jeung leuwih dipikawanoh ku masarat Sunda, sarta masarakat Indonesia. Salain ti eta, Kang Ibing memang resep dina gerakan ibing penca, jadi pohara luyu ngagunakeun sebutan Kang Ibing.

Nurutkeun cutatan dina buku Apa Siapa Orang Sunda (Penerbit Kiblat, 2003), Kang Ibing teh kungsi nyuprih elmu di Jurusan Sastra Rusia, Fakultas Sastra, Unpad. Dina widang film, Kang Ibing pernah maen film Ateng The Godfather (1976), Apanya Dong (1985), jeung Si Kabayan dan Gadis Modern (1990). Pelawak nu katelah resep miara domba adu ieu, oge pernah katelah dina film Karnadi Anemer Bangkong. Meureunan baraya ge pernah ngalaman euforia: "Badaaag Enjuum!"

Aktivitasna salain pernah jadi Ketua Kesenian Damas, Penasihat Dewan Kesenian Unpad, oge terahir jadi dewan redaksi majalah humor Sunda Cakakak, bareng jeung Taufik Faturohman, Acil Bimbo, Asep Sunandar Sunarya, Dedi "Miing" Gumelar, S.pk. Majalah humor Sunda ieu pernah medal taun 1987-1988, kalayan Kang Ibing kaasup jadi pupuhuna. Tah, taun 2010 ieu majalah reinkarnasi deui.. ngan Kang Ibing ukur ngawal dina sababaraha edisi medalan anyarna kusabab Kang Ibing kaburu ngantunkeun urang balarea.

Kang Ibing ngantunken waktu bulan Ramadhan 1431 H, poe Kemis (19 Agustus 2010), jam 20.20 WIB di RS. Al-Islam Bandung alatan serangan jantung. Kang Ibing dikurebkeun di komplek Pemakaman Gunung Puyuh, Kabupaten Sumedang.

Suryana Fatah
...
gandeng teu katulungan
Jalan geus disetum
beca ngageleser
teu salah tumpak roda abrug-abrugan ..
nepi ka Oe nunutan


Lirik lagu di luhur judulna "Alung-alung" nu dinyanyikan ku Suryana Fatah (almarhum, ngantunkeun taun 2003 di RS Muhammadiyah Bandung alatan stroke. Kang Suryana dimakamkeun di Tempat Pemakaman Umum Cikutra, Bandung). Suryana Fatah, anu dina komunitas lawak dipikawanoh kalayan sebutan Babah Holiang. Di Tatar Sunda mah meureun Kang Suryana nu spesialis jadi Babah mah. Kalucuan-kalucuan nu dibijilkeun ku Babah Holiang matak nyeri kulit beuteung. Ditambah deuih ku watek bedegong, embung eleh. Contona dina carita manehna naek beca, rek stasion kareta... pabeulit jeung stadion. Jeung deuih dina sok nyela omongan batur. Jiga Kang Maman keur jadi kondektur beus, aya nu katelah omongan Koh Holiang teh: "Mundul telus sampe Sulabayaaaa!"

Babah Holiang alias Suryana Fatah kalahiran Kota Dodol, Garut. Manehna pohara dipikawanoh ku masarakat lawak ti taun 70-an nepi ka 80-an. Suryana, anu dina saban lawakan terampil make dialek Tionghoa, tetela pituin Leles Garut. Hal ieu teu aneh, memang sok loba pihak nu kakecoh yen Kang Suryana teh warga katurunan. Ieu salah sahiji kumaha karakter Babah Holiang bisa nyerep kana jiwa Suryana Fatah. Jeung deuih saeutik oge Kang Suryana teh henteu bisa basa Mandarin!

Saprak "pangsiun" ti De Kabayan taun 1994, aktivitas Babah Holiang nyaeta dakwah ka sajumlah masjid sarta kagiatan anu sipatna religius di Kota Bandung. Samemeh ngagabung jeung De Kabayan, Suryana pernah ngagabung jeung grup lawak 4S; di mana ngagabung oge dina eta group teh Sup Yusuf. Di antara sapuluh anak almarhum sarta 25 incu, ngan Nana Suryana Fatah anu bisa nuturkeun tapak Babah Holiang. Nana mindeng maen jadi bintang tamu dina acara grup lawak Bagito atawa sinetron di TV swasta; kalayan make ciri has dialek Tionghoa.

KANG MAMAN MENCARI ANAK ANJING (1 - 2)




KANG MAMAN MENCARI GADIS JUJUR (1 - 2)







Follow:
Instagram twitter