Sabab Jadi Gelo

share to whatsapp

Saurang dokter jiwa nu masih ngora keur ngayakeun panalungtikeun ngeunaan naon awalna nu matak jadi sabab hiji jelema bisa gelo. Maranehna nalingakeun kalakuan pasen RSJ dibaturan ku dokter senior nu aya di RS eta.

Pasen kahiji kabeukina teh ceuceuleuweungan.. nyanyi teu eureun-eureun!
"Adinda oh sayang adinda... adinda kunaon siah bet kitu adinda ka uing teh?" ceuk eta nu gelo, tina nyanyi pindah kana ngamuk. Kapaksa atuh petugas mindahkeun eta nu gelo ka karangkeng.
"Tah, eta baheulana nu matak manehna jadi gelo teh kumeh teu lulus audisi Indonesian Idol!" ceuk dokter senior ka eta dokter nu keur ngayakeun panalungtikan.

Keur kitu, di taman RS aya nu gelo keur ngitungan daun nu marurag tina tangkal.
"Tah, eta baheulana manehna meunang judi samilyar. Tapi can ge duit kapake, imahna kaduruk jeung duit-duitna hasil judi milu ledis!" dokter senior ngajelaskeun.

Teu lila aya nu gelo nyampeurkeun:
"Eh, aya Pa Dokter. Nepangkeun abdi Sarmud!" ceuk eta nu gelo bari ngasongkeun leungeunna.
"Waduh, aya ku someah nya Kang Sarmud mah. Abdi Dokter Jojo!" ceuk dokter ngora tea.
"Hehehehe... si dokter mah katipu da abi mah sanes Sarmud. Nami abdi mah Odih Suroding da yey! Tapi mun lembur mah di Cibeletok! Ieu mah serieus..." jawab nu gelo bangun nu bungah da dokter asa geus keuna dibohongan.
"Abdi mah ti Cibureleng!" jawab dokter deui.
"Hehehe... ketipu lagi deh! Da abdi mah sanes ti Cibeletok. Abdi mah ti Rancabungaok!" eta nu gelo ngengklak.

Dokter senior langsung ngabetot dokter ngora tea, bari langsung ngaharewos.
"Geus tong diladenan. Eta manehna baheulana hayang jadi politikus. Matakna sok ngabohong wae!" © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter