Vivian Wheeler: Wanoja Janggotan

share to whatsapp

Kumaha jadina mun aya wanoja nu janggotna 27,9 cm? Vivian Wheeler ti Illinois, USA boga janggot nu kaasup paling panjang keur ukuran wanoja mah. Bapana keukeuh menta manehna sangkan nyukur janggotan, waktu Vivian umur 7 taun. Ngan angger manehna mah mugen embung nyukuran. Tah, ti taun 1993 Vivian Wheeler ngantep supaya janggotna jadi. Ku panjangna janggot jeung kumis ieu, Neng Vivian antukna asup Guiness Book of The Record.



Follow:
Instagram twitter