Nyiram

share to whatsapp

"Lieur kuring mah, pamajikan nyiram teh sok aya-aya wae!" ceuk Mang Uned.
"Hayang naon kitu?" tanya Mang Ja'i
"Eta hayang kuring nyium jeger nu sirahna botak jeung unggal poe kuring kudu ngusapan tihang listrik!"
"Euh, urang mah komo. Waktu keur nyiram, kabeneran pamajikan teu menta kuring ngalakukeun nu aneh-aneh. Ngan eta manehna sorangan nu pikahariwangeun!"
"Naha? Nyiram naon kitu?" tanya Mang Uned.
"Waktu keur kakandungan nepi ka lima bulan, kabeneran keur rame Agustusan. Panan pamajikan mah hayang miluan panjat pinang, lomba marathon, jeung hayang jadi kiper pas Domba Cup. Kapaksa teu ditedunan, matakna tuh tingal budak kuring mah ngacay wae!" © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter