Maling Hayam jeung Panganten

share to whatsapp

Awal carita...
Mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak-ilik ka sabudeureun eta tempat. Manehna ngawas kenca-katuhu, ngaler-ngidul, ngulon-ngetan. Tuluy manehna ngeteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung. Ma'lum di kampung mah masih keneh loba imah panggung. Biasana, kolong imah teh sok dijieun kandang hayam, kandang entog, kandang kelenci, jeung sajabana.


Tah, si maling teh caritana rek maling hayam. Manehna rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah. Barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora panganten awewe:
"Kang....tos dibuka."
Si maling ngagerendeng na hatena:
"Duh! nyahoeun aing muka panto."

Si maling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora panganten awewe:
"Duh Kang, tos lebet nya?!"
Eta panganten awewe sorana rada tarik bari ngadesah. Atuh, si maling ngorejat bari kukulutus dina jero hatena:
"Haram jadah! Nyahoeun geuning aing rek maling hayam !"
Padahal nu di jero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, ma'lum masih panganten anyar.

Isukna, si maling dagang bonteng di pasar. Kabeneran pasangan panganten anyar oge indit ka eta pasar. Pas liwat ka tukang bonteng, awewena nyarita ka salakina bari semu manja ka salakina, pokna teh:
"Kang, geuning ieu mah siga nu wengi nya?"
Maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngagebeg hatena. Rey...... beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna. Beretek lumpat tipoporoseh sieun ditewak, hatena baceo:
"Duh, bener-bener nyahoeun ka aing!!".
Padahal si awewe mah ngomong kitu teh nyaruakeun ukuran bonteng jeung Mr. P salakina nu karek "dipurak" tadi peuting.

* Carita kintunan Fajar Dwi ti Facebook Banyolan Sunda.



Follow:
Instagram twitter