Tawis Tos Sepuh

share to whatsapp

Ciri-ciri jalmi tos sepuh diantawisna :

1. Maca beuki jauh tapi pipis beuki caket
2. Kapungkur kulemna papayun-payun, ayeuna mah patonggong-tonggong
3. Kapungkur mah pake minyak wangi, ayeuna pake minyak angin
4. Kapungkur tiasa 12 kali langkung dina sabulan, ayeuna teu sabulan sakali.
5. Kapungkur heuras salami ngantosan, ayeuna lami ngantosan heuras
6. Kapungkur langsun ON, ayeuna langsung DOWN
7. Kapungkur ngaheotan cawene, ayeuna ngaheotan manuk
8. Kapungkur mah kencing teh asin, ayeuna seueur anu tos kencing manis
9. Kapungkur sering tuang nu raos, ayeuna sering tuang landong
10. Kapungkur ngorbankeun kasehatan demi kekayaan, ayeuna kekayaan dikorbankeun kanggo kasehatan
11. Kapungkur ngritik ka generasi tua, ayeuna nyela ka generasi muda
12. Kapungkur dongkol pedah teu dipasihan, ayeuna jengkel pedah ditagih
13. Kapungkur pemburu nikmat, ayeuna diburu tobat

* Kintunan Kang Hidayat Jayagiri ti Facebook Banyolan Sunda






Follow:
Instagram twitter