Awewe Matematis jeung Awewe Logis

share to whatsapp

Aya dua wanoja anu boga pola pikir beda. Nu hiji mah pola pikirna Matematis (M) sedengkeun anu hiji deui mah pola pikirna logis (L).

Basa duanana baralik peuting ti pagaweanna...
M: "Eh, tingali geura ka tukang! Itu aya dua lalaki titatadi nuturkeun urang! Tuuh jarakna kira-kira ayeuna mah 20 meter. Tadi 10 menit katukang mah jarakna masih 50 meter."
L: "Keun we atuh, pan ieu mah jalan umum. Tapi kumaha lamun maranehna rek niat merkosa, nya? Jigana mah nya... boga niat teu hade ka urang duaan!"
M: "Ku kecepatan leumpang urang geus pasti 5 menit deui bakal ka susul."
L: "Nya. Geus pasti!"
M: "Kumaha atuh ayeuna jarakna tos 10 meter tuh!"
L: "Kumaha lamun urang misah wae leumpangna? Kuring ka kenca ... kanu poek. Di dinya ka katuhu .. kanu rame, pasti eta dua lalaki teh nuturkeun kuring da leumpang sorangan di nu poek."

Ahirna eta dua wanoja teh leumpangna papisah. Ternyata, si matematis leuwih gancang datang ka imah. Teu kungsi lila datang si Logis.

M (Nanyana bari waswas): "Eh, kumaha tadi?"
L: "Tadi 2 lalaki teh bener ngudag."
M: "Pasti lah lengkah di dinya 2 kali. Tah, eta maranehna pasti 4 kali leuwih gancang."
L: "Untungna teh henteu! Da pas geus deukeut, kuring nyingsatkeun rok."
M: "Waduh! Terus?"
L: "Nya maranehna terus morosotkeun calana!"
M (Beuki reuwas tur panasaran): "Terus kumaha?"
L: "Nya geus pasti atuh maranehna eleh lumpat ku kuring! Da kuring mah lumpatna bari nyingsatkeun rok. Ari maranehna mah panan lumpatna bari calanana morosot. Puguh pagijed!"

* Carita kintunan Kang Benno B. Lawian ti Facebook Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter