Dina Beus

share to whatsapp

Kacaritakeun dina hiji beus anu pinuh ku panumpang, harita aya hiji jajaka anu nangtung teu kabagean tempat diuk, eta jajaka teh kacida kasepna namina: Den Benno Sureno.

Lantaran katingali geus cangkeuleun, nya aya hiji wanoja geulis nu nawaran.
Wanoja: "Kang, bilih cangkeul mah sok ku abdi dilahun!"
Benno:"Oh, nuhun", bari gek diuk dina lahunan si mojang.

Pas beus liwat jalan anu renjul, naaa..ari dut.. eta Den Benno hitut.
Benno: "Aduh, punten Neng...teu katahan..heheh..hiji enol neng..!"
si wanoja camberut..pok nyarita
Wanoja:" Gentosan ah, abdi ayeuna nu dilahun."

Terus si wanoja cengkat, ganti posisi jadi dilahun. Tah, barang ngaliwatan jalan anu renjul, sarua si wanoja oge hayang hitut. Pikirna, kabeneran yeuh bisa males, kitu nateh bari hitut diheujeunkeun..duuutt!
Wanoja:"Hehehehe...hiji-hiji kang..!"
Benno: "Eeeiiit...teu tiasa Neng! Nengtog da hitutna kana tihang gul..!"
* Carita kintunan Kang Benno B. Lawian ti Facebook Banyolan Sunda



Follow:
Instagram twitter