Tilu Banding Hiji

share to whatsapp

Dina hiji waktu aya bapa jeung anakna balik Jumaahan. Di jalan Si bapa muka obrolan. Abong-abong bapana loba ekol, naon nu ditepikeun ku khotib ge disalenggorkeun we kana persepi manehna demi "kapentingan pribadi".

Bapa : Jang, tadi hidep ngadangukeun khotbah?
Anak : Nya ngupingkeun atuh Pa.
Bapa : Ayeuna Bapa rek ngetes hidep, salaku jadi anak kudu bakti ka saha??
Anak : Ka Ema
Bapa : Teras ka saha?
Anak : Ema...
Bapa : Sae, teras saha deui?
Anak : Ema...
Bapa : Sip, tos eta nembe saha deui?
Anak : Bapa....
Bapa : Pinter, jadi emana aya sabaraha tadi teh?
Anak : Aya 3
Bapa : Bapana sabaraha?
Anak : 1
Bapa : Ayeuna hidep gaduh ema sabaraha?
Anak : 1
Bapa : Berarti kirangna sabaraha?
Anak : 2
Bapa : Sip, tah engke mun tos dugi ka bumi wartoskeun ka ema nya?

Nepi ka imahna ieu budak nyampeurkeun indungna nu keur masak di dapur.

Anak: Maa.., tadi saur Bapa, kedahna abi gaduh ema tilu, kumargi ayeuna abi nembe gaduh hiji, jadi masih kirang dua.
Ema: Jang, hidep terang ieu sayur naon namina?
Anak: Terong, Ma..
Ema: Cik ari ceuk Ujang kumaha carana sangkan hiji terong ieu tiasa diemam ku tiluan?
Anak: Nya dipotong jadi tilu atuh Ma.
Ema: Tah budak Ema pinter geuning.. Tah ayeuna wartoskeun ka Bapa nya?

* Kiriman: Nanang Iskandar - Group Facebook Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter