Neangan Kabogoh = Moro Langlayangan

share to whatsapp

#1
Kasatiaan jelema ka pasanganna kadang aya nu ibarat polisi tidur... tetep bertahan najan mindeng dileyekan ge.

#2
Salingkuh teh lir ibarat tabung gas 3kg...mun bocor matak ngabeledug ngaruksak sagala.

#3
"Hallow.. euh, Aa teh tos lami saleresna.. euh bade nyatakeun.."
"Duh, Neng mah tos gaduh kabogoh A. 
"Nyatakeun: turut berbahagia..." ceuk si lalaki bari tuluy ceurik.

#4
"Hallow. A, si Bapa naroskeun Aa." 
"Hehehe...si Bapa sonoeun ngajak catur ka Aa nya?" 
"Sanes, naroskeun iraha saurna Aa ka bumi bade ngalamar Eneng?" 
"Hallow. hallow..Neng. Wah sinyal parah...kekeresekan yeuh... teu kakuping! Hallow...hallow.." ceuk si lalaki modus, awakna ngadegdeg ngadenge nu kitu mah.

#5
Kadang neangan kabogoh mah kawas moro langlayangan. Kudu kerja keras. Aya langlayangan alus, beunang ku batur. Najan meunang...geus saroeh.

© Banyolan Sunda




Follow:
Instagram twitter