Ronda Eupleu

share to whatsapp

Harita Si Obie, si Emod ,Hansip Ja'i jeung Mang Ndien anu kabagean jadwal Ronda. Nu lain mah ngurilingan lembur, ari si Obie mah ngadon cicing di Pos, geus adat loba alesan majar teh keur nyeri suku. Keur anteng ngadahar bubuy hui, ujug-ujug loba jelema anu lalumpat bari patingjorowok. Singhoreng warga kampung sabeulah anu keur ngudag bangsat anu kabeneran bangsatna lumpat ka arah Kampung Rancabanyol.

Si Obie mah anteng we nambulan bubuy hui, teu ngarasa kaganggu ku anu patingberebet lumpat ngarudag bangsat. Teu lila tidinya torojol aya jelema jangkung badag nyampeurkeun. Terus eta jalma nanya ka si Obie.
"Kang naha teu milu ngudag bangsat? Piraku ngaronda teh ngadon ngajedog di pos!"
Dikitukeun teh si Obie ngomong: 
"Ngahaja Kang, bisi bangsatna lumpat kadieu, matak uing nungguan di pos oge. Lamun panggih disiksa tah ku aing mah," ceuk si Obie. 
Jelema jangkung badag ngomong deui. 
"Euuuh.! Akang mah, geus beunang bangsatna oge, hayu bisi rek nempo mah jeung saya. Geremet yeuh saya oge hayang neunggeulan," ceuk eta jalma bari tuluy ngaleos.

Si Obie geuwat nuturkeun eta jalma. Lebah kebon cau anu sepi, si Obie nanya ka eta jalma. 
"Kang, naha jalana bet kadieu? Da tadi batur mah ka beulah ditu tuh... ka deukeut astana!" 
Eta jelema ditanya kitu langsung malik, bari pok ngomong.
"Atuh, jalan kaditu mah aing katewak tea meureun! Geus siah montong loba omong, kadieukeun eta HP, arloji, jeung dompet, sakalian buka siah eta calana jeung baju. Lain barang lebok wae siah ngaronda teh," ceuk eta jalma bari mesat bedog terus diantelkeun kana beuheung si Obie.
Si Obie pasrah manehna nurut kana parentah eta jalma anu taya lian sabenerna bangsat anu keur diteteangan. Isukna warga geunjleung manggihan si Obie anu buligir bari nangkeup tangkal cau.awakna ditalian ku tambang dihijikeun jeung tangkal cau..
"Wkwkwk.. Edaaannn..! Eta bangsat aya ku rajin ngawinkeun si Obie jeung tangkal cau," ceuk Mang Endien.

Kiriman: Komandan Hansip Rancabanyol - Group Facebook Banyolan Sunda





Follow:
Instagram twitter