Cinta Sajati = Bobotoh + Persib

share to whatsapp

#1
Boga kabogoh mah kudu jiga bobotoh ka Persib: kanyaahna tanpa wates; daek dijugjug kajeun jauh atawa kudu huhujanan ge; teu weleh dipikasono, wani ngamodal; jeung susah senang tetep satia teu pindah ka laen hate.

#2
Boga kabogoh mah tong jiga PSSI ka Persib.. diteteangan we kasalahan teh. Matak pirudeteun.

#3
Nu ngaranna cinta sajati teh lir ibarat cita-cita ngawujudkeun Indonesia gemah ripah loh jinawi. Loba nu ngomongkeun jeung pada mikahayang, tapi pas prakna sok kalahkah amburasut.

#4
Mantan teh mun na basa Inggris mah, anggap we: past future tense.

#5
Jodo teh kadang ibarat hujan.. di tempat lain ngagebret, naha ari di tempat saderek mah kalahkah panas mentrang? *Sabaaar, engke ge kabagean*

© Banyolan Sunda



Follow:
Instagram twitter