Majalah Banyolan Sunda
![share to whatsapp share to whatsapp](http://1.bp.blogspot.com/-hecb6aA5050/XDuYROgjqvI/AAAAAAAAN7o/ch9d8qDfYY47BelP7nlNuUT22ZMzlo5hQCK4BGAYYCw/s1600/Share-WhatsApp.png)
Kasang tukang medalna ieu majalah Banyolan Sunda taya lian keur media hiburan wungkul. Kabeneran ari dokumentasi carita Banyolan Sunda mah aya di www.banyolansunda.com. Kitu deui gogonjakan papada baraya Banyolan Sunda (Warga Rancabanyol) meh unggal waktu di group Facebook Banyolan Sunda (https://www.facebook.com/groups/kampungrancabanyol). Ngan eta teu sakabeh baraya nu sok nganjang di internet pikeun aub gogonjakan di group. Ku kituna, antukna mah para pupuhu inisiatif medalkeun ieu majalah sangkan Banyolan Sunda leuwih dipikawanoh ku masarakat.
Ieu majalah teh oge salah sahiji tarekah pikeun ngawanohkeun basa Sunda ka kalangan umum. Hal ieu dumasar kana karya-karya nu dihasilkeun di media jejaring sosial samodel Facebook, asa lebar lamun ngan jadi catetan digital wungkul mah. Nya, antukna dikorehan wae sababaraha carita nu aya di Facebook Banyolan Sunda, status, jeung komen baraya. Sugan carita nu dikumpulkeun dina ieu majalah bisa jadi hiji lengkah pikeun nyieun deui media lain pikeun nyumebarkeun bodor-bodor Sunda dina media audio atawa video. Dina majalah ieu, eusina lain ngan saukur banyolan, tapi aya oge ngeunaan profil tokoh Sunda, kuliner Sunda, diajar basa Sunda, nepi tarucing cakra (teka-teki silang). Ari pangeusi rohangan (kolom) mah aya ti sababaraha baraya anggota Banyolan Sunda.
![](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEhgAZ7AD1cn_ukYPik-TnJJ6w-3W22uEPrEGx6k-l-JT8vedAF2SW8bkkQX_Y2L6-YVSm7bw19m5p3HFSnF8zpFoYhBgnYJ9NTTywUywNfv1DVI6c94VvO8pVjQT0sKjRC6iRPg51dgzvo/s1600/cover+majalah.jpg)
Lian ti eta, ieu majalah teh boga udagan sabagian ngokolakeun kauntungan pikeun ngarojong kana kagiatan bakti sosial nu salila ieu dilaksanakeun ku Mitra Baraya-Banyolan Sunda. Kagiatan diantarana bakti sosial nu dikokolakeun ku baraya Banyolan Sunda, nyaeta sumbangan ka yatim piatu, SLB, oge kagiatan tawis pangajen ka pegiat-pegiat kasundaan, boh dina widang seni, sastra, jsb nu diayakeun dina event khusus.
Majalah humor Banyolan Sunda tiasa digaleuh di:
♦ Warung Rancabanyol, Pasar Modern Batununggal Blok D18-03, Bandung (buka tabuh 10.00 - 16.00 WIB, dinten Jumaah libur).
♦ Kanggo pesenan online tiasa kontak ka:
- Telepon/SMS/WhatsApp: 0896 7110 2034
* Pangaos majalah Rp. 10.000, - (teu acan kalebet ongkos kintun).
* Majalah dikintun via JNE/TIKI/Kantor POS.
Majalah humor Banyolan Sunda tiasa digaleuh di:
♦ Warung Rancabanyol, Pasar Modern Batununggal Blok D18-03, Bandung (buka tabuh 10.00 - 16.00 WIB, dinten Jumaah libur).
♦ Kanggo pesenan online tiasa kontak ka:
- Telepon/SMS/WhatsApp: 0896 7110 2034
* Pangaos majalah Rp. 10.000, - (teu acan kalebet ongkos kintun).
* Majalah dikintun via JNE/TIKI/Kantor POS.
Follow:
![Instagram Instagram](http://3.bp.blogspot.com/-XKASxb6PPsY/We1RIYuGMXI/AAAAAAAABkg/Rtlvu4WwvogYsigqimuJ9ZPbWpe5FaL0wCK4BGAYYCw/s1600/IG.png)