Sunda Binangkit: Tepung Lawung, Pameran UMKM, Pentas Seni Sunda

share to whatsapp


Acara Sunda Binangkit diayakeun di Padepokan Seni Mayang Sunda, Jln. Peta No. 209 Bandung poe Minggu, 9 Februari 2014. Ieu acara teh mangrupakeun salah sahiji kagiatan Mitra Baraya, jaringan pemberdayaan masyarakat Sunda dina widang usaha, sosial, pendidikan, jeung seni budaya Sunda. Mitra Baraya mangrupakeun jaringan pemberdayaan nu dikokolakeun ku Banyolan Sunda. Acara ieu oge minangka ajang riung mungpulung baraya Sunda, pameran UMKM, pentas seni budaya Sunda, jeung dina raraga mieling tepung taun Group Banyolan Sunda nu ka-5.

Jam 11-an, acara dibuka ku MC Ceu Popon jeung Mr. Jun. Duo pelawak Bandung ieu mawakeun acara kalayan sabulangbentor. Nu lalajo ge teu weleh akey-akeyan ku paripolah jeung ngacaprukna maranehna. Komo lamun pas Mr. Jun baceo ku basa Inggris nu teu puguh aliranna. Tong boroning nu lalajo, nu ngomongna ge teu ngartieun! Ditambah deui Mr. Jun nu nyanyi saengabna, nada lagu teu ninggang di tetekon alias fals tingkat provinsi. Estu matak ngahibur. 

MC: Ceu Popon sareng Mr. Jun
Saterusna, acara laju kana motong tumpeng ti Baraya Banyolan Sunda alias Warga Rancabanyol. Abah Amin, salaku pupuhu naek ka panggung. Nu saterusna pupuhu-pupuhu Rancabanyol kayaning Camat Rancabanyol Wira Hidayat, Ketua LKMD Ki Ubbay, Ketua Kosipa Uus Sundawan, Komandan Hansip Rancabanyol, Mamah Dedeh, saparakanca murak tumpeng. Dina bagian acara tepung taun Banyolan Sunda nu ka-5 ieu sakalian ngawanohkeun Majalah Banyolan Sunda. Ieu majalah diajangkeun pikeun nampung carita banyolan-banyolan ti baraya oge pikeun media promosi usaha baraya. Salain ti eta, diwanohkeun oge Mitra Baraya, hiji komunitas nu diadegkeun ku baraya Banyolan Sunda pikeun pemberdayaan dina widang usaha, pendidikan, seni budaya, katut kagiatan sosial lainna. 

Tawis Pangajen
Rengse acara motong tumpeng, diayakeun acara tawis pangajen (lifetime achievement), mangrupa pamasrahan tawis kadeudeuh ti pupuhu Mitra Baraya - Banyolan Sunda ka kulawarga Kang Ibing, Wa Kepoh, jeung Kang Darso. Saterusna pagelaran jaipongan jeung pagelaran calung ti Kuningan nu dikokolakeun ku Ambu Tisum Sunda. Acara saterusna mah, Pa Haji Taufik Faturohman magelarkeun kamonesanna, nyaeta sulap dongeng atawa nu katelah Sudong. Ieu pupuhu Komunitas Sulap Bandung jeung nu boga Penerbit Geger Sunten teh, magelarkeun stand up comedy plus sulap. Saperti biasa, carita-carita humorna bisa mancing kalucuan-kalucuan. Kitu oge sulap-sulapna nu aneh bin unik. Dina acara ieu, Pa Haji Topik ngabewarakeun oge buku kumpulan humor Persib. Di sela-sela acara diayakeun oge pembagian doorprize ti para sponsor kayaning ti Bank BJB, Lingga Hotel, jeung sumbangan ti pangeusi stand-stand.

Galengan Sora Awi
Rengse waktu istirahat solat lohor, acara dituluykeun ka pagelaran ti Galengan Sora Awi. Gorup musik tradisi nu biasa latihan di Taman Budaya Jawa Barat (Dago Tea House) ieu magelarkeun kamonesan waditra awi jeung vokal. Di dieu, nu lalajo mimiti mararijah. Di handapeun panggung, nu lalajo ngarengkenek, ngibing babarengan. Pagelaran ti Galengan Sora Awi bener-bener bisa ngahibur. Baraya teu eureun-reueun ngarengklak. 
Acara saterusna nyeta suguhan ti Sundanis Hip Hop Sunda. Ieu group hip hop Sunda nu personilna Rude Sundanis, Novi, Foudy, jeung DJ Mai, mawakeun lagu-lagu Sunda dina wanda hip hop. Iringan musik ti DJ jeung vokal ti Sundanis mancing baraya pikeun ngadeukeutan deui panggung. Baraya mijah deui ngarengklak. 

Tah, rengse Sundanis magelaran satuluyna hiburan ti pangeusi acara utama nyaeta Dinasti Darso. Samemeh Yayan Jatnika, Asep Darso, jeung Ujang Darso tampil dibuka ku calung. Tah, ahirna Kang Yayan Jatnika, Asep Darso, jeung Ujang Darso tampil kalayan kostum panggung nu mirip Kang Darso, panggung rame deui. Baraya tumplek ka handapeun panggung. Lagu-lagu ti Kang Darso dihaleuangkeun saperti: Dago Pakar, Kabogoh Jauh, Sakur Ngimpi, jeung nu lainna. Acara Sunda Binangkit ieu lekasan jam 5 sore. 

Dinasti Darso
Alhamdulillah, baraya nu datang ti unggal wewengkon. Aya nu ti Subang, Majalengka, Garut, Tasik, Bogor, Jakarta, Sukabumi, malah aya nu ti Solo oge. Geus puguh ari ti pribumi alias nu ti Bandung mah. Acara nu dirojong ku Disbadpur Kota Bandung jeung Padepokan Seni Mayang Sunda ieu minangka salah sahiji event pikeun ngahijikeun urang Sunda katut pemberdayaanna dina widang usaha, sosial, jeung seni budaya Sunda. Ka hareupna mah acara Sunda Binangkit ieu direncanakeun diayakeun rutin unggal taun. Kitu oge pangeusi acara, pangeusi stand,  katut nu ngahadiran ieu acara lain wae khusus ti Baraya Banyolan Sunda, tapi terbuka pikeun umum.



Follow:
Instagram twitter