Dansip Saba Kota

share to whatsapp

Lurah: "Sip. yu baturan saya ka BIP. Urang nyiar sapatu. Tapi ganti heula saragam di dinya!"
Dansip: "Mangga Pa. Teu kedah gentos lah pameng"

Kacaritakeun geus nepi ka BIP.
Lurah: "Urang dahar heula Sip. Lapar euy!"
Dansip: "Mangga. Sok atuh Bapa tipayun.."

Pa Lurah asup ka tempat makan cepat saji, dituturkeun ku Hansip nu ngarasa keren da make saragam dinas. Mani asa legeg we manehna. Tuluy Hansip mesen dahareu ge hayang sarua jeung nu Lurah. Barang sok dahareunna,ari gantawang teh Hansip nyarekan ka pelayan,
"Teu kira-kira sateh adonan bala-bala disuguhkeun ka aing. Goreng heula kainyah!!"
Lurah ngarenjag, beungeutna langung beureum.
Tungtungna dahar teu jadi. Hansip kalahkah dicarekan ku Lurah ongkoh.
"Ngerakeun pisan siah silaing mah! Eta salad majar adonan bala-bala!"

* Carita kiriman Santi Nur Sanusi - Group Facebook Banyolan Sunda






Follow:
Instagram twitter