Ekspresi Kaluar ti ATM

share to whatsapp

Rupa-rupa beungeut jalma mun kaluar ti ATM (Artos Tina Mesin)
1. Kaluar bari manyun hartina antara transferan can asup atawa saldo tidak mencukupi.
2. Kaluar bari beungeut marahmay hartina duit masih cukup.
3. Kaluar bari ambek-ambekaan, bisa alatan poho nomer PIN atawa salah asup ATM.
4. Kaluar bari culang-cileung. Bisa alatan keur ngecek saldo teu karasa hitut meledek. Sieun katempuhan ku nu ngantri. Cikan aya deui?

* Carita kiriman Wisnu Wardhana - Group Facebook Banyolan Sunda

Komentar Baraya:

Éréné-Nét: manggul ATM ditaekeun kana mobil,,,,bangsat ATM.

Satria Dutascoutea: Kaluar ATM rada ngadegdeg.....kartu ATM kateleg teu bisa dicokot deui!

Kang Adhe Sagara:  Lieur! Hanas asup ka ATM, ari rarasaan teh nabung padahal rekening ge teu boga.

Oki Oktavian: Ningali struk atm teu beda ti nempo poto mantan, dilieuk sakeudeung, dijebian, piceun weh!

Hikmat Nashrullah Latief: kaluar ti ATM langsung nyarios: "Silakan sudah bisa.."...hartina eta petugas.





Follow:
Instagram twitter