Peuteuy

share to whatsapp

Tatangga kuring ,Mas Karso, kakara sabulan di Bandung. Adatna daria pisan, tara daek banyol atawa gogonjakan. Sakali mangsa Kuring nanya ka manehna,
"Ari Mas Karso nggak suka heureuy?"

Jawabna teh daria pisan:
"Wah, saya sih pantangan heureuy Mas. Pernah sekali Saya nyoba heureuy, tapi hasilnya saya ndak bisa kencing tiga hari. Malah baunya juga seminggu ndak hilang-hilang".
Atuh barakatak teh kuring seuri mani akey-akeyan.
"Huahaha....Itu mah atuh bukan heureuy Mas, tapi peuteuy," ceuk Kuring bari ngagakgak.
"Lha ...iya... maksud Saya juga begitu !!" Mas Karso nyentak bari jamedud.

Kintunan Baraya Banyolan Sunda:

Mochamad Imron











Follow:
Instagram twitter