Epek Obat

share to whatsapp

Aya nini-nini 62 taun, aki-aki 81 taun, gaduh incu nuju sakola di Cina spesialisasi obat-obat kuno.

Si nini nyuratan ka incuna menta dikirim obat nu bisa matak ngora deui.
Ku incuna dikirim 12 kapsul spesial bari omat-omatan ieu obat teh matih pisan: tiap kapsul bisa nurunkeun umur 10 taun leuwih ngora. Satengah percaya si nini nyobaan 4 kapsul.

Waktu incuna balik liburan, di buruan katempo aya istri geulis keur nyusuan orok.
Si incuna nanya:
"Punten dupi nini abdi masih linggih di dieu" ?
Si istri ngarontok bari ngomong:
"Ya Allah, Ujang ieu teh pan nini! Waktu dikirim obat tea, nini nyoba-nyoba nginum 4 kapsul"
Si incu ngan pati olohok.

" Oooohhhh tapi ari aki aya dimana ?
"Pan ieu nu keur disusuan. Da sesa obat teh kabeh diinum ku aki maneh, dasar hawek!" ceuk si nini bari ngusapan sirah orok.

Kintunan Baraya Banyolan Sunda:

Peza Zeblink


Follow:
Instagram twitter