Teu Sanggup Kudu Ngalakukeun Mah

share to whatsapp

Si Udin jeung Si Toto keur moro ka leuweung, pas di tengah leuweung Si Toto teu kuat hayang kahampangan, ceeerrrrr Si Toto kahampangan di lebah rungkun nu ngagunduk. Manehna teu nyahoeun yen aya oray kobra dirungkun eta teh. Coookkk atuh eta alat kahampangan Si Toto dipacok ku oray. Si Toto gagauran bakating ku nyeri.

Toto: "Diiinnn..aduuuhhh, tulung ieu alat kahampangan kuring dipacok oray kobra.."

Geuwat Si Udin nelepon dokter, untung weh aya sinyal sanajan di leuweung oge.
Udin: "Halow...dok baturan kuring dipacok oray kobra. Kumaha atuh? Mangkaning di tengah leuweung ieu teh."

Dokter: "Tenang.. anjeun tong panik, ayeuna anjeun neangan tali, tuluy talian tah supaya teu nyebar racunna, tuluy tungtung anu dipacokna ku anjeun pencet, bari dikenyot nepi racunna kaluar."

Udin ngadon colohok ngadangu kitu, bari tuluy mareuman hape...
Toto : "Kumaha cenah Din ceuk dokter?"
Udin : "Wah To..hampura, ceuk dokter anjeun teu bisa katulungan deui...sing tabah we!"

Kintunan Baraya Banyolan Sunda:

Anjar Ramdani











Follow:
Instagram twitter