Trio Kunti

share to whatsapp

Aya tilu kunti keur ucang-ucangan nyingsieunan jelema nu ngaliwat deukeut astana.
"Hihihihihi....hihihihihihihi...hihihihihi!" kunti A nyikikik, teu lila manehna ngomong, "naha ngan kuring wungkul nu nyikikik titadi teh? Bantuan atuh!"
"Hampura, kuring keur peura!" ceuk kunti B bari ngusapan beuheungna, tikorona karasa garing.
"Ari maneh kunaon ngabetem wae?" tanya kunti A ka kunti C.
"Lain embung. Sok ngerakeun kuring mah. Maklum, nyikikik kuring mah fals!" ceuk kunti C bangun nu minder.

© Abah Amin





Follow:
Instagram twitter