Wawancara Jeung Koruptor

share to whatsapp


Satadina mah hoream ari dititah ngawawancara koruptor teh. Da pilihan mah aya bahan narasumber lain nu leuwih kumecrot: mun teu Aura Kasih, nya Justin Bieber. Ngan ceuk beja ti Kang Doel Sumbang, Neng Aura Kasih keur nganteur ninina ka Puskesmas. Ari Jang Justin Bieber cenah keur syuting videoklip di Ciwidey bareng jeung Mang Darso, keur update uploadeun ka Youtube. Kapaksa hoream-hoream ge ngingkig ka kantor koruptor. Ditarima teh ku sekretarisna nu nyeples pisan Monica Bellucci, tuluy kuring dititah asup ka hiji rohangan nu bisa kasebut agreng. Di dinya sang koruptor teh keur maen Zynga Poker. Beungeutna katingal marahmay, da cenah meunang chips loba.



Waduh, nuju sibuk nya, Pa?

Ah, henteu. Ieu keur maen Poker. Meunang loba euy!

Teu damel Pa? Panan ieu waktosna jam kerja?
Lah... gawe mah tenang we. Rek gawe bari sare atawa nonggeng ge kuring mah dibayar ieuh!

Tiasaan Bapa mah kekengingan seueur kitu chipsna?
Ih, kabeneran hokina keur alus. Jeung deuih mun admin Zynga teu disogok ku kuring mah, aya bahan kuring beak modal, yeuh. Untung kamari adimnna geus dikiriman parcel. Sok, mangga calik. Bade ngaleueut naon? Bade jus patrawali atanapi jus paria?

Wios teu kedah repot-repot, Pa. Tadi atos di bumi, wareg keneh (
percuma siah nawaran ka aing ge ari pait kabeh mah!-gerentes kuring). Supados teu nyangkolong kana waktos, hayu atuh urang ngawitan wae wawancarana.
Mangga. Butuh sabaraha juta ameh engke hade eusi wawancarana? Kade nya nu alus eusina! Kuring sabenerna anti kudu ngebiri media, ngan ari geus kieu mah cingcay we. Panan masarakat nyaho, matak aya kasus korupsi ge lain diramekeun ku media? Matakna teu salah mun ipis bedana selebritis jeung koruptor teh, beritana sarua rame. Ngan meureun asupna berita ngeunaan korupsi mah kana badnews. Tapi lain, badnews teh sok dianggap goodnews ayeuna mah? Matakna laku jadi headline... ku cara diwewelkeun paksa ka pamiarsa.

Ah, teu Pa. Abdi mah kaleresan nuju shaum kana artos. Dupi Bapa tos lami janten koruptor?
Alhamdulillah, tos aya kana 23 taun, 6 bulan, 4 poe. Jam terbang dina korupsi mah kaasup geus pangalaman alias senior. Kade, jadi koruptor teh ngalaman lika-liku nu panjang. Loba intrik nu bisa kakuasai ngan ku pangalaman, otak, jeung strategi nu jalan. Ngartos? Matakna, kuring mah rek ngusulkeun ka pamarentah ameh aya kagiatan mieling Hari Korupsi Nasional. Da kieu-kieu ge kuring mah sok ngayakeun mieling poe mimiti kuring korupsi, satiap tanggal 19 Februari saban taunna. Harita kuring mimiti ngorupsi duit SPJ... teu pira ngan Rp. 1350,-. Masih level Rookie mun na video game mah.

Mmmh... naha eta bet nganggo alhamdulillah sagala? Asa kontradiktif.
Enya atuh! Kudu ngucap sukur kuring mah. Panan salila 23 taun teh, kuring mah can ngasaan katewak. Kabeh kasus nu ngalibatkeun kuring mah alhamdulilah bisa katutupan! Tuh, babaturan saperkorupsian mah masih keneh aya na pangberokan. Ah, sial we eta mah atawa memang strategina teu jalan.

Oooh. Tiasa rapih kitu nya pami aya kasus nu ngabolekerkeun kasus Bapa? Kumaha tah tips-tipsna?
Intina mah urang kudu rajin lalajo sinetron. Matakna ti jam 6 nepi jam 10 peuting, kuring mah wajib manco hareupeun TV. Sakalian diajar konsep jeung strategi anyar, diajar liwat sinetron.

Naha bet loslos ka sinetron?
Yeh! Dina sinetron panan sok aya pamaen nu silih pindingan, hahaok bari panon mureleng, patukeur peran, poho ingetan, nepi ka jiga keur gering ripuh. Jeung deuih panan na sinetron mah sok aya session-sessionna. Samodel sinetron"Cinta Fitri" nu nepi ka-7 atawa baheula mah sinetron "Tersanjung". nu ampir bisa kalalajoan ti nini nepi ka incu. Kitu oge korupsi, kolusi, jeung nepotisme... manjang nepi ka sababaraha episode. Ti jaman radio transistor 2 band nepi ka jaman Facebook ayeuna. Ari eusina mah teu jauh jeung sinetron, naek-turun jeung aya pelaku-pelaku anyar. Tapi korupsi mah tetep we ngalegenda.

Eta kabeh trik nu dilakukeun na permainan korupsi teh jiga alur carita. Ari masalah konflik mah geus pasti aya. Komo endingna mah: bisa nyugemakeun, pikasediheun, piaraleun, pirujiteun, atawa ahirna teu puguh tungtung ... jiga kasus Edi Tanzil. Matakna, mun Abah hayang apal ngarasaan tegangna kasus korupsi mun geus kadudut kana wilayah hukum, hayu urang training ku kuring. Rame, Bah. Di dinya sagala intrik datang. Abah kudu apal saha kawan saha lawan. Kudu apal iraha timing gering nepi ka poho ingetan. Jiga urang ngagolong kenur keur maen langlayangan. Mun pakujut mah, urang moal bisa ngatur skenario.

Ke...ke... naha asa jiga latihan multilevel marketing (MLM) ieu mah. Make aya training sagala?
Euh. Kabeh perlu nyaho. MLM teh teu beda jauh carana... make jaringan. Ngan MLM nu biasa mah asli bisnis, ari na korupsi mah cirina wungkul nu sarua. Si A kudu bisa kerja sama jeung si B, si B kudu bisa kerjasama jeung si C, jeung saterusna. Eta dingaranan jaringan berantai. Memang ngan dina kasus pembunuhan berantai wungkul nu aya pola kitu teh? Koruptor ge embung eleh atuh! Kudu aya sistem putus rantai mun aya hiji nu katewak ku hukum. Ameh teu noroweco ngabejakeun saha-sahana nu milu bancakan. Eta hartina kudu siap jadi tumbal. Tingali we si Gayus. Beak dikekeak olangan...wkwkwkwkwk. Mun ceuk sisindiran mah:

Meuli meri tong dipaksa

Si Gayus ngahakan eupan
Kelas teri beak disiksa
Kelas paus dikeukeupan

Naon wae tah nu tiasa dikorupsikeun teh?

Loba. Nu penting aya faktor N jeung K...faktor niat jeung kasempetan. Rupa-rupa atuh nu bisa jadi ladang objekan korupsi mah: Undang-undang, sepak bola, proyek pembangunan gedong, nyieun jalan, proyek Dana Alokasi Khusus (DAK), manipulasi data keuangan, nyieun jalur sapedah, mark up, tender, dana hibah, nepi ka penyediaan kolor jero ge bisa dijadikeun objek.

Waduh. Geus asup sagala widang garapan geuning. Atuh bisa-bisa pami engke mah dibentuk Event Organizer (EO) khusus korupsi?

Puguhan. Ayeuna mah EO-na teh masih keneh indie, nyorangan-nyorangan wae. Engke mah jigana bakal rapih. Jeung nu penting kudu aya sakola khusus korupsi. Mun kuliahna meureun cukup we 4 taun, sasemesterna antara 16-22 SKS. Engke praktek kerjana dibimbing ku senior atawa alumni.

Atuh sakantenan ngadamel paguyubanna?
Ih, tong ribut nya? Apanan kuring jeung aktifis korupsi Indonesia rek nyieun paguyuban khusus. Ngaranna: FOR SIKI... Forum Silaturahmi Koruptor Indonesia. Engke aya AD/ART-na. Anggota-anggotana kudu malayar iuran wajib tiap bulanna.

Wah, kabayang ageungna tah dana iuran wajib.
Puguh. Target uang iuran mun bisa ngelehkeun jumlah devisa nagara. Malah rek diayakeun arisan aktifis koruptor. Sabulanna setor 1 milyar sewang. Dibuka 3 bulan sakali. Ngoclok arisanna pindah-pindah tempat. Moal di Indonesia, bisi kaambeu. Acarana mah bisa di Hawaii, Yunani, atawa di tempat wisata dunia sejenna.

Tapi kan teu sadaya koruptor nu rapih jiga Bapa. Aya we nu nembongkeun teu eucreugna ka rahayat.
Lah, eta mah oknum koruptor Bah. Da koruptor sajati mah moal nembong-nembongkeun maneh. Mun diibaratkeun jiga jelema sok mabok. Nu tukang mabok sajati mah tara sosolontodan atawa utah uger di tengah jalan atawa di tengah lembur. Cukup we di kamer... rek ngacapruk sorangan ge moal ngaganggu batur.

Ari artos kenging korupsi ku Bapa sok dianggo naon?
Duka atuh. Bingung kuring mah ngitungna ge. Diteundeun na loba rekening tuda, acan nu di money laundry alias cuci uang di luar negeri. Kadang sok dijieun pausahaan, pake kawin deui, pake modal keur korupsi ka hareupna, atawa dipake foya-foya jajan kurupuk seblak. Nu pasti mah kadang sok dipake nyakolakeun budak atawa masantrenkeun budak.

Har?
Ih, kajeun Bapana kieu. Ari ka turunan mah miharep sing soleh-sarolehah atuh Bah. Tong nurun jadi koruptor. Kuring mah embung 7 turunan jadi koruptor. Cape!

Bapa terang yen koruptor teh tos ngancurkeun ekonomi jeung moral bangsa?
Nyaho atuh. Ngan kumaha da geus budaya. Ari teu miluan sok dianggap teu setia kawan jeung nu lain. Ari miluan... hate leutik mah kadang nolak. Ngan eta pategtogan batin teh kondisina fifty-fifty... 90% hayang ngalakukeun korupsi, 10% batin nolak.

Bapa teu sieun ku KPK?
Kuring mah sieun keneh ku hileud orok. KPK mah jelema keneh. Salila jelema... banyak jalan menuju Roma. Rea tarekah bisa dilakonan. Pan ceuk kuring ge asal nehnik jeung nyistem. Pasti moal kabolekerkeun kabeh tah kasus koropsi kuring! Komo geus pagujud jeung urusan pulitik mah. Paling tinggal diadu-adukeun. Teu beda jauh jeung ngadu jangkrik. Rame disarada... tapi nu boga lakon mah nyumput na jero liang. Teu katingali. Eta nu disebut Invisible Man teh. Komo rahayat gampang kapancing mah, reok ka dieu-reok ka ditu. Adu renyom maseakeun pepesan kosong. Padahal di tukangeun eta, loba nu disumput salindungkeun. Inget, kabeh koruptor ge pasti boga misi jeung visi, coy! Kuring jeung rengrengan Korupsi Fans Club lainna teh sanes jalma bodo.

Janten lepat saha atuh bet tiasa maceuh pisan korupsi teh di nagara urang mah?

Salah saha nya? Bisa salah rahayat, geus nyaho wakilna purunyus kana duit...der dipilih. Oge bisa salah sistem nu memungkinkan pikeur korupsi. Atawa salah hukum nu jiga di pasar, bisa ditawar! Alhamdulillahna teh, hukum di urang mah jiga cocoan. Jadi kuring ge bisa salamet nepi denget ayeuna. Komo loba duit mah. hukum jiga maen dingdong.. nu bisa keneh ngasupan koin kana dingdong...berarti manehna nu nguasai mesin dingdong jeung bisa maen sapuas manehna. Bae batur rek ngutruk atawa ngan bati kumetap ge. Anggap we nasib. Salah sorangan teu serieus ngurusna.

Atuh kusut pisan nya?

Kusut teh ceuk rahayat jeung nu anti korupsi. Ari ceuk kuring mah, tambah beuki kusut... beuki loba celah pikeun nawu duit. Hahahahaha.

Terakhir, hasil korupsi mah moal dibawa ka alam kubur panginten, Pa?

Meunggeus ah, tong ngomongkeun maot. Sok singsariak uing mah. Bisi jiga Adjie Massaid... ngora-ngora geus maot. Dadaekanan ngora keneh geus maot.... ihhh.Uing mah boga prinsip jiga puisi Chairil Anwar: "Aku ingin hidup seribu tahun lagi...."

Janten Bapa moal tobat?
Tobat mah engke wae mun rek maot.

Memang Bapa apal kitu iraha bade ninggalkeun alam fana ieu?
Euh... euh... memang malaikat Izrail teu bisa disogok kitu? Cenah ceuk babaturan kuring mah bisa!

Astagfirullah, moal atuh Pa! Malaikat mah teu resep artos.
Kutan kitu? Sugan teh bisa. Cik lah... Abah boga channel teu ka Malaikat Izrail? Mun panggih ajak ka dieu. Sugan bisa diajak damai ku kuring.

Heueuh da malaikat teh si Juhro!!! Sangeunahna bisa dibabawa. Pusing aing mah ka sia!
Eh, naha ngawawancara teh bet ambek-ambekan? Hayang dibere jatah proyek, nya?

Sudi teuing aing mah!
??@(*&@&)(@

Kuring ngingkig balik. Karek ayeuna ngasaan wawancara nepi ka narapsu kieu!

Ngan pas balik ka imah, langsung ngagebeg... di buruan geus ngajugrug mobil Ferrari anyar tipe N79 warna beureum metalik. Duh, pasti ieu mah si Bapa koruptor geus nyogok kuring! Kuring jadi serba salah. Antara atoh jeung degdegan jantung. Saha atuh nu teu hayang mobil mewah samodel kieu? Pirakadar wawancara, kuring disogok ku Ferrari anyar. Ih, bener si Bapa mah sok tara nyangka. Kuring bimbang... mending ditolak atawa ditarima wae kitu eta mobil?

Komo waktu aya wanoja geulis nyampeurkeun bari mawa konci mobil, kuring asa rek murang jajantung, ceuk si wanoja "Bah, ieu punten ieu aya titipan sayur buntil ti Bapa," ceuk manehna bari ngasongkeun rantang, "sareng punten abdi tos ngiring parkir di payuneun bumi Abah!". Eta wanoja geus mikeun rantang mah, asup kana Ferrari bari langsung ngabiur. Harita keneh kuring langsung mawa tambang.... rek nyangcang embe nu keur ngahakanan tangkal kembang tatangga.





Follow:
Instagram twitter