Jaman Harmoko

share to whatsapp


Baheula, jaman Orde Baru keur Menteri Penerangan Harmoko keneh, Rancabanyol teh kaasup daerah terisolir. Listrik ge apanan can nepi lembur. Keur nyaangan imah ge masih keneh make cempor. Teu aneh, mun warga Rancabanyol harudang sare teh.... irungna sok marehong.

Nu boga TV ge panan karek Camat wungkul. TV hitam putih nu bisa hurung lamun dicolokkeun kana aki. Eta mah mun peuting, nu lalajo teh nyayeg di imah Camat. Nu lalajo patoong-toong dina jandela. Matakna hordeng di imah Camat mah tara ditutup. Da di jero mah geus puguh jelema numpuk, malah nu mawa budak mah dilahun sagala... demi penghematan tempat.

Ari nu diuk panghareupna mah, biasa we gegeden Rancabanyol. Lurah tos manco hareupeun TV bari mawa kopi sabekong. Sekdes diuk bari mangku Jang Wiweh. Nyimas diuk nyarande bari kadang-kadang sok lelenggutan. Amih Ade diuk na jojodog, da lamun embok mah sok singsireumeun cenah. Neng Panda ngariung jeung Neng Ciez, Neng Darling, jeung kembang desa Rancabanyol lainna. Ari di juru... Mang Anda, Mang Jojo, Mang Jack, jeung Mang Uhe... diselingan jeung gapleh lalajona teh.

Nu sibuk mah Hansip Benno jeung Hansip Desta. Maranehna ngatur-ngatur nu lalajo... da bener atuh leuwih-leuwih nu keur tahlilan ieu mah pinuhna imah Camat teh. Ari pamuda desa, saperti Jang Irpan, Jang Epul, Jang Pitman, jeung nu lainna kabagean di luar. Enya, nu lalajo bari beungeutna ngadaplok na kaca jandela.

Mang Ndien mah kabagean ngajaga aki, da kabelna mindeng dicoo ku barudak samodel Jang Wiweh. Mang Roen jeung Mang Ceef purah nyieunan kopi. Manehna mah bari bisnis oge nyieun dadadangan, saperti ngajual roko jeung permen. Harita baraya siap-siap rek lalajo Film Cerita Akhir Pekan. Najan kesel da diselang ku Laporan Khusus ge... baraya mah sabar demi meunangkeun hiburan saminggu sakali.

Ngan nu teu apal mah, di tengah-tengah nu keur dariuk, Mang Akung keur kukusiwelan beuteungna. Manehna diuk gigireun Mang Tatang jeung Mang Dadi.
"Jrit! Kieu yeuh ari dahar loba teuing nyocol sambel goang teh!" gerentes Mang Akung bari muranyin nahan seueul nu ngulibek na jero beuteungna.

Pesssss...
Mimitina Mang Dadi nu rungah-rengih, irungna ngambeu bau samanehong. Tulung Mang Tatang langsung nangtung bari nutupan irungna.
"Gelooooo... ieu saha nu hitut? Bau ajag tikunclung kana cubluk kieu?" ceuk Mang Tatang bari amuk-amukan.

Eta bau jadi ngahiliwir ka nu lain. Ampir kabeh nu aya di dinya nutupan irung. Kaangseuna matak ngaganggu pernapasan tuda. Akung ngan pias, bari bulaham-belehem.

"Akuuuung! Ilaing hitut nya, siah?!!" tanya Amih Ade molotot, "cik atuh kaluar heula euy!"
Akung ngan beuki pias. Tuluy ngajawab:
"Eu...eu...hen...hen...henteu Mih! Ngan sa...sakedik...!"

Karek ge beres ngajawab, 3 detik ti harita...
Duuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuut! Durut..dut..duuuuut... ngik! Pret..crot!
Bom nuklir nu ti tadi ditahan-tahan antukna kaluar oge harmonisasi nadana.
Kabeh bubar. Manuk tikukur Camat dina kandang nu digantungkeun deukeut lomari ge ... geus aya sora bekok bom nuklir mah panan langsung nepi ka kapiuhan!





Follow:
Instagram twitter