Pangaosan di Rancabanyol

share to whatsapp


Di Madrasah Rancabanyol biasa sok diayakeun acara pangaosan Kemisan. Ibu-ibu pangaosan ngaregepkeun ceramah nu dipedar ku Ustad Pitman al-Banjarani.

"Janten, kanggo kamulyaan hirup di dunya sareng di aherat urang, ibu-ibu sadaya kedah soleeeeee....." Ustad Pitman ngajak neruskeun omonganna ka hadirot.
"Daaaaaaaaaaaaat!!" jawab ibu-ibu saur manuk nuluykeun ucapan Ustad Pitman. Ustad Pitman ngahuleng sakedapan, bari garo-garo teu ateul:
"Solehah....Buuuuuuuu!" Ustad Pitman sabar ngajelaskeun naon kecap nu dimaksud ku manehna, "tah, pami sadaya solehah, panan urang tiasa nyanghareupan kahirupan kalayan berkah. Kumargi manusia sadaya di alam dunya moal lepat, tujuan sadaya engke di alam kalanggengan sanes pasti urang teh palay ka sur.....???"
"Palaaaaay!" ibu-ibu bareng ngajawab.
"Komo kasur Ligna mah!" Amih Ade nyelengkeung ti tukang.
"Ibuuuuuuuuuu.... maksad abdi teh PALAY KA SURGA!! Sanes palay KASUR!" Ustad Pitman rada molotot ayeuna mah, bari tuluy istigfar, "tah, pikeun ngajalankeun tetekon agama, urang tiasa sasarengan sareng nu sanes. Tong tebih-tebih, ibu sareng caroge kedah tiasa hirup nu ngarahkeun kana amal-ibadah kanggo kabagjaan dunya-aherat. Ku kituna, saena ibu sareng caroge teh kedahna mah hirup satujuuuu...???"
"Satujuuuuuuuuuuuuuuuu!!" ibu-ibu kompak ngajawab bangun percaya diri.
"Satujuaaaaaaaaaaaaaaaaaaan! Eta nu dimaksad ku abdi mah Ibu-ibu sadaya nu geulis tur motekar!!" jawab Ustad Pitman al-Banjarani bari siap-siap ngolomoh mic. © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter