Deklamasi Puisi

share to whatsapp

Waktu keur pelajaran Bahasa Indonesia, Guru Iwan nitah barudakna maca puisi ka hareup sacara giliran. Ngan dasar atuh di SD Rancabanyol mah barudakna sok ngalacapruk teu puguh. Aya-aya wae....

Mimiti Jang Jurek ngawanikeun maneh ka hareupeun kelas. Manehna nangtung tegep, siap-siap deklamasi puisi.
"Sim kuring bade mawakeun puisi ti penyair Toto Sudarto Bachtiar..."
Manehna narik napas sakedapan, tuluy bangun nu percaya diri pisan langsung deklamasi:
"Parawan Tak Dikenal!!
Sepuluh tahun yang lalu
, dia terbaring
Tetapi bukan tidur, sayang....!!"


Guru Iwan ngagebeg bari terus nitah diuk deui ka Jang Jurex.
"Ari silaing nanaon? Sok ngaruksak puisi batur nya, lain PARAWAN TAK DIKENAL...nyaho?! Tapi PAHLAWAN TAK DIKENAL!"

Ayeuna giliran Neng Panda ka hareup. Semu lungguh manehna rek ngadeklamasikeun puisi ti penyair Chairil Anwar anu judulna "AKU". Neng Panda neuteup bangun tegep tuluy mulai deklamasi:

"Aku..... Aku ini binatang jalang!
Jalang mandi... jalang gocok gigi!"


Guru Iwan ngan bisa jamedud bari tuluy nyiwit Neng Panda. © Abah Amin





Follow:
Instagram twitter