Ngobor Gatot.... Gagal Total

share to whatsapp


"Mang, geus siap can patromak jeung batrena?" tanya Camat Rancabanyol bari menerkeun baju pangsina.
"Siap Pa Camat! Kade tong poho bawa bedog! Kamari ge panan aya gunana tah bedog teh." ceuk Mang Endin bari ngagejus-ngejus ngompa patromak.
"Heueuh, Mang. Uing ge reuwas sugan teh belut badag... geuning oray sawah! Untung ku Emang kaburu dikadek!" ceuk Lurah Iwan mairan.

Kira-kira jam 10-an peuting, maranehna indit mapay-mapay sawah rek ngobor. Ngan eta hawa nu tiis, angin peuting nu ngahiliwir.
"Tong tengah teuing Mang! Urang mapay di deukeut-deukeut dieu we! Ieu ge geus lumayan jauh ti lembur." Camat ngajorowok.
"Enya. Tuh, beulah kulon nu rada alus mah. Belutna baradag!"Ceuk Mang Endin
"Hayu atuh urang di ditu we ngoborna!"

Eta tiluan mapay-mapay galengan. Ngan Lurah jug ngarandeg.
"Euy!! Sok tiheula, uing ngadadak mules yeuh. Rek nagog heula di susukan itu!" ceuk Lurah Iwan bari nyepengan beuteungna nu ngusiwel.
"Sok Pa Lurah. Da moal jauh teuing, sorotkeun batre wae aya nanaon mah! Katingali ieu di dieu ge! Atuh, peuting-peuting ngadahar buah ngora... jadi we karasa tah."
Lurah indit. Tuluy nagog na batu badah di tengah susukan.

Mang Endin jeung Camat nyaangan sisi sawah. Camat katingal ngahuleng.
"Aya naon Pa Camat?"
"Lain euy, teu salah ieu teh? Gelooo... lain malem Jumaah ieu teh? Leuh, aing mah sok singsariak bulu punduk!"
"Atuh tadi lain dicukur heula bulu pundukna?"
"Na ari Emang sok aneh-aneh wae... uing mah sok sieun tuh deukeut imah Ema Paraji cenah sok aya nu nembongan!"
"Geus ah. Tong dijieun-jieun Pa Camat. Hasil ngobor ge can meunang.... geus riweuh mikiran kunti!"
"Tah, da silaing mah nya... tong nyebut kunti sagala, aing tambah singpuringkak yeuh!"

Pa Camat katingal rada sepa. Rada hoream nuluykeun lalampahan ngobor teh. Otakna geus beak ku imajinasi mun enya kawenehan pasangrok jeung kunti. Manehna ngareret ka tangkal caringin nu aya di astana gede, deukeut kebon Mang Erun. Tuluy ngareret ka arah imah Ema Paraji, anu persis di luhureun tempat maranehna ngarandeg.
"Ah. Aing mah jadi kabawakeun muringkak yeuh!" ceuk Mang Endin bari ngusap bulu pundukna.
"Aya naooooooooon euy? Singharuleng kitu? Eu... beu!!!" Lurah Iwan nanya ti palebah manehna 'tapa'.

Na atuh keur kitu? Mang Endin jeung Camat silih pencrong. sakedapan.. tuluy melong nyidik-nyidik ka arah tukangeun imah Ema Paraji. Persis jalan kaluar ti dapur, deukeut tempat neundeun suluh. Panto muka. Ari nu kaluar?
"Pocooooooooooooooooooooooooooooong!!!!" Mang Endin jeung Camat kabur pangacian, maneha sakalumpat-lampet notog-notogkeun maneh. Malah patromak mah teu ditolih deui. Camat mah malah langsung ngiihan maneh!

Lurah Iwan, bari tetempoan rada samar ge, tetep katingali naon nu keur nembongan di tukangeun imah Ma Paraji. Manehna teu nolih deui nanaon. Calana diangsrodkeun. Sarua lumpat! Pakupis jeung sarung. Kopehna murag, palid kabawa cai susukan. Sendal capitna oge sarua.
"Pocoooooooooong!!" Lurah Iwan ngajorowok bari nunjuk ka arah penampakan. Kesang tiis kaluar. Manehna mangpret ka tonggoh. Napas hoshosan. Geus teu mirosea deui nasib Camat jeung Mang Endin nu nyungseb kana leutak sawah.

Di tukangeun imah, Ema Paraji ngan olohok ningali nu mangpret notog-notogkeun maneh:
"Yeh, sok araraneh eta jelema teh. Aya kunti ti mana? Pira kadar kuring rek miceun urut seupah." Ema Paraji ngagerendeng, pas sadar kana naon nu dipakena, gebeg, "Gustii....hihihihi, Ema nu salah geuning. Ieu mukena poho can dilaan. Tadi geus salat Isya. Haneut tuda make mukena teh!" © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter