Nyi Iroh VS Bangsat TV

share to whatsapp



Biasa, ari tengah peuting teh... Nyi Iroh sok hayang ka cai. Maklum beser menahun. Waktu rek cengkat tina ranjang, manehna ngadenge ayo nu ngolotrak ti tengah imah.
"Euleuh siah! Bangsat kitu? Beu! Mangkaning uing di imah sorangan. Boa-boa...duh, mangkaning TV anyar meuli. Meunang hese meulina ge...kukumpul ladang arisan." Nyi Iroh ngagerentes. Tapi manehna teu hariwang, ngumpulkeun wawanen. Bedog nu aya di handapeun ranjang dicokot. Manehna ngeteyep muka panto kamar lalaunan.

Bener we, aya bangsat! Keur rek ngangkat TV nu diteundeun na luhur meja. Si bangsat luak-lieuk. Kajeun lampu tengah imah dipareuman ge, manehna katingal jiga nu geus profesional tah bangsat teh. Tapi Nyi Iroh teu rido mun TV-na aya nu ngagiwing mah. Waktu bangsat siap-siap ngangkut TV kaluar....
"Bangsaaaaaaaaaaat! Siah!!!!" Nyi Iroh ngagebahkeun... bari ngahamangkeun bedog Ciwideyna nu panjangna ampir sameter.

Bangsat asa kagebahkeun! Refleks manehna muragkeun TV.... braaaaak! Tuluy lumpat.
TV Nyi Iroh murag pas pisan layarna. Atuh TV jadi bubuk. Nyi Nyi Iroh rikat ngudag bangsat nu ngagajleng kana jandela. Nyi Iroh sarua nurutan ngagajleng ngaliwatan jandela.... tadina mah rek nurutan jiga Mantili dina carita Saur Sepuh. Ngan orokaya... manehna kalahkah guguilan, kapahung dina jandela. Asup teu bisa, kaluar teu bisa. Awak bayuhyuh VS liang jandela nu ngan seadanya ukurannyah. Leungeunna ngan bisa ngahamang-hamang bedog... bari ngacaprak.
"Siah bangsat! Ngadoreksakeun aing nya. Geus mah TV aing meunang hese meuli...diancurkeun. Der ayeuna aing kajebak kieu dina jandela. Cik atuh euy... kabur teh tong ngaliwatan jandela. Naon capena atuh liwat kana panto? Teu toleransi pisan nya ka aing teh! Tuluuuuung....tuluuuuung.... eungap...eungap...!!"



Follow:
Instagram twitter