Sajarah Carita "Anjing"

share to whatsapp

Mimitina mah iseng mukaan Youtube. Kabeneran pas muka video nu eusina bodoran basa Sunda. Duka saha nu merankeun jeung nu nyieunna, tapi salut lah .... kreatif! Ngan kuring ngarasa asa wawuh kana eusi carita dina video éta, anu dicokot tina Cangehgar (acara di hiji stasiun radio swasta di Bandung). Nya, eusi caritana mah ngeunaan basa nu sok make kecap "anjing" di kalangan masarakat urang. Lain kuring rek ngabela atawa nembongkeun diri. Ngan ieu mah asa malikkeun panineungan kasang tukang dijieunna carita ieu.



Carita nu judulna "anjing" ieu ku kuring dijieun sakitar taun 2002-an ahir. Ideuna mah teu pira waktu harita kuring indit ka Jatinangor. Tah, di terminal Cileunyi kuring naek angkot coklat (jurusan Cileunyi-Tanjungsari) nu ngetem heula. Kabeneran angkot teh sok ngetemna di landeuheun GOR Cileunyi teh, di dinya sok loba calo. Harita, aya saurang calo nu keur ambek-ambekkan bari maksa menta udud ka babaturanana. Salila ngomong, manehna terus we make kecap "anjing". Katingal babaturanana jiga nu jangar ngaladenan eta si calo. Teu pupuguh, kuring bet kaideuan mun nyieun carita nu ngaduk-ngaduk kecap make "anjing". Kuring nyerengeh sorangan na jero angkot. Kuring nyipta-nyipta lamun kajadian di hareupeun teh dijieun carita humor. Ngan alusna mun dina carita, bisa leuwih pabaliut eusina lamun dicampurkeun jeung nyaritakeun ngeunaan anjing oge.

Koleksi carita Humor Sunda sanesna,
mangga baraya nganjang ka:

Forum Diskusi Banyolan Sunda



Follow:
Instagram twitter