Carita Ti Rancabanyol: Nasib Hayam Sekdes

share to whatsapp

Sekdes dina jiwa enterpreneur mah tong dianggap sagawayah. Jiwa bisnisna mah kuat tur kreatif. Ayeuna ge panan rajeun sok ternak hayam buras, da cenah alus keur ngahasilkeun endog atawa daging nu loba kalayan gancang.

Ngan aya we cocoba teh. Komo pas hayam bikang rek arendogan... da di kandang teh sok gandeng ku sora hayam kokotak! Ari masalah kokotakna mah teu nanaon, da jamakna hayam mah sok kitu. Ngan eta, ampir unggal poe, aya hayam nu paeh. Paehna? Teu wajar! Lain ku tetelo atawa panyakit hayam lainna. Ieu mah beuheung hayam beak dipulintirkeun.

***

Kajadian paehna hayam teh, ti saprak Mang Jurex, Mang Otol, Mang Uhe, jeung Mang Mul nganjang ka imah Sekdes. Tah, basa manehna baralik... Sekdes mah teu apal eta jalma opatan teh ngadatangan ka kandang hayam. Beuheung hayam dicepengan hiji-hiji? Kabeneran pas maranehna baralik, Sekdes mah nyeri beuteung. Nagog di WC.

"Siah hayam seblu! Ka aing teh asa nyindir pisan. Ngendog mah ngendog we tong make nyindir kokotakan sagala euy!" ceuk Mang Jurex bangun nu napsu.
"Heueuh euy! Buru parieuskeun we tah beuheungna!" ceuk Mang Uhe ngadukung, dihaminan ku dua baturna nu lain. Maranehna ngungudag hayam nu lalumpatan nyalametkeun diri. Hayam-hayam lalumpatan bari disarada bangun nu panik:

"Takk....tak....tak....tak....tak boooootak....tak..botaaaak!" ceuk hayam-hayam bari patingburisat nyalametkeun maneh.

Sekdes nu keur cingogo di WC ngan pati ngahuleng. Samar-samar ngadenge hayam-hayamna kokotak mani ribut pisan.
"Ku naon hayam aing nya bet jiga diudag jurig kitu?" gerentes Sekdes bari ngaheujeun, "ah, keun bae... keur karawin meureun!"



Follow:
Instagram twitter