Carita Ti Rancabanyol: Tukang Poto

share to whatsapp


Jang Irpan mah katelah tukang foto di Desa Rancabanyol. Mimitina mah sok make kamera nu make klise keneh, ahirna pindah make kamera digital. Atuh beuki dieu teknologi beuki maju... Jang Irfan ngahaja meuli HP nu make kamera. Lain ku nanaon, sakalian panan multifungsi, nya bisa SMS-an atawa nelepon... oge bisa dipake motoan batur.

Jeung deuih panan teu sakabeh warga Rancabanyol nyaho kana multimedia. Jang Irpan mah malah ngalengkepan jeung usaha digital printing alias cetak digital. Jiga kamari si kembar, anakna Teh Noer, beres difoto make kamera digital... hasilna ditransfer kana komputer tuluy dicetak. Eta dua budak aratoheun. Hal eta mancing baraya lain nu tertarik ngagunakeun jasa Jang Irpan. Loba nu difoto tuluy fotona langsung dicetak di Jang Irpan.

Hiji poe, Sekdes ngadatangan Jang Irpan. Manehna hayang difoto make kamera HP tuluy hasilna hayang dicetak. Manehna geus ngagaya jiga budak alay. Ngan eta, waktu Jang Irpan beres moto Sekdes... manehna langsung ngahuleng tuluy manyun.

"Ku naon euy? Alus teu hasilna?" tanya Sekdes.
Jang Irpan ngan garo-garo teu ateul.
"Des... fotona kabakar geuning!" ceuk Jang Irpan bari ngasongkeun HP. Tuluy ditingalikeun ka Sekdes. Bener we, layar HP langsung hideung... geheng. Jiga tapak kaduruk. Boro-boro bisa dicetak! HP Jang Irpanna ge ngadadak panas.



Follow:
Instagram twitter