Pulisi Gadungan

share to whatsapp

Kacaritakeun aya pulisi nu ditugaskeun pikeun nyamur (nyamar). Manehna nyamur jadi preman. Lain kunanaon, cenah ahir-ahir ieu aya pulisi gadungan nu sok balaga. Untungna manehna mah tara nyieun kalakuan nu aneh-aneh, ngan ukur gagayaan. Tapi nurutkeun laporan ti masarakat, eta pulisi gadungan teh katingali nyurigakeun. Teu nyurigakeun kumaha atuh, masang badge pangkat ge salah sagala. Komo dedeganana nu jiga preman.

Hiji waktu, eta pulisi gadungan teh kacerek. Langsung diinterogasi.
"Wawanian siah make baju polisi sagala! Maneh geus mencermarkan korps uing, euy!" ceuk pulisi asli nyentak si pulisi gadungan.
"Euh, Bapa mah atuh sok hayang meunang sorangan sagala!" jawab pulisi gadungan bangun nu kalem pisan.
"Naha?" tanya pulisi original ka pulisi gadungan.
"Eta tingali Bapa. Bapa tiasa nyamur janten preman. Atuh kali-kali mah cik pasihan kasempetan ka abdi .. hoyong nyamur janten pulisi!" ceuk eta pulisi gadungan alias preman asli tea teu kireum-kireum. © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter