Paagul-agul

share to whatsapp

Aya 3 budak keur ngobrol ngaagul-agulkeun adina masing-masing.
Budak 1: "Adi kuring mah kamari diudag anjing. Da manehna mah lain ceurik atawa kabur... tapi langsung ngudag deui eta anjing!"
Budak 2: "Ah, adi kuring mah komo kamari labuh tina sapedah. Mangkaning nyungseb kana susukan... manehna mah teu ceurik, ngadon nyerengeh!"
Budak 3: "Adi kuring mah leuwih jagoan! Kamari manehna ngudag langlayangan nepi naek ka luhur suhunan... eh manehna murag tina suhunan! Pas notog kana taneuh teh teu ceurik sakemet-kemet acan..."
Budak 1 & 2: "Wah... bener jagoan euy adi maneh nepi ka teu ceurik sagala. Mun uing mah geus gagauran!"
Budak 3: "Heueuh. Rek ceurik kumaha... da pas notog, manehna mah langsung kapiuhan!"



Follow:
Instagram twitter