Puisi Curhat Jomblo, Tukang Komputer, Hansip, Jeung Nu Gelo

share to whatsapp

Jomblo :
Yeuh kuring, nepangkeun: dedengkot jomblo! Cinta? Mmmh... eta kecap geus lila teu kaukir na hate kuring. Duh Gusti Nu Agung, naha diri abdi teh bet sesah pisan milari jodo? Padahal raray sim kuring teh teu parah-parah teuing. Malah, apanan sakilas mah jiga ...

Tukang Komputer:
Hardisk, memory, CPU, keyboard jeung sajabana kudu dipikanyaho ku urang nu rek ngulik komputer. Ari hayang boga komputer di zaman ayeuna mah apanan teu hese, urang bisa...

Hansip:
Ngabangsat! Naha euweuh gawean nu lain kitu si bangsat kasebelan teh? Uing jadi lieur!! Unggal peuting oga tugas kudu patroli nguringan kampung pikeun....

Nu Gelo:
Ngacapruk sorangan jeung neangan kuntung roko. Da kieu ari geus takdir kudu jadi nu gelo mah. Di lembur ieu, ngan kuring hiji-hijina nu gelo. Sumpah! Euweuh saingan. Nepangkeun, kuring nu gelo anyar. Kuring teh...

Jomblo :
Leonardo di Caprio! Bener. Pernah aya nu ngomong kitu! Uing dipikir-dipikir jiga si eta. Ngan nu lain arembung mikir. Beu, kudu kumaha deui atuh neangan jodo teh? Isin ku Pak RT, isin ku Pa RW mindeng ngalelewe cenah kuring teu payu ka awewe. Maenya kuring kudu...

Tukang Komputer:
Ngarakit sorangan. Meuli we bahanna mah ka toko komputer. Di ditu urang bisa...

Hansip:
Manggihan bangsat! Tah, lamun bangsatna kawenehan mah apanan ku urang bisa disiksa! Keuheul tuda. Lamun di lembur aya nu kabangsatan, salaku petugas kaamanan kampung, nu pangheulana disalahkan teh pasti ...

Nu Gelo:
Nu gelo! Jadi jelema gelo mah bener ngeunah pisan. Ngomong sorangan euweuh nu nyarek. Kitu oge mun sare dimana wae kumaha uing! Duuuh... nikmat pisan euy jadi nu gelo mah. Pagawean sapopoe teh ngan ....

Jomblo:
Curhat jeung curhat we ka babaturan bari menta jalan pikeun kumaha meunangkeun kabogoh. Pernah oge urang menta pelet ka dukun. Saratna teh beurat pisan, kuring kudu ...

Tukang Komputer:
Meuli perlengkapan komputer! Nu disesuaikeun kabutuhanna jeung kahayang. Urang bisa meuli motherboard, memory, VGS Card, atawa speaker aktif nu luyu jeung kabutuhan. Waktu meuli alat-alat jeung perlengkapan komputer, urang tinggal ngomong we ka ...

Hansip:
Hansip! Yeuh kuring Hansip nu geus loba dahar asem jeung uyah dina masalah kaamanan. Tadi kadang, Hansip ge sok dianggap gagal dina ngalaksanakeun tugas. Nya, da hansip oge jelema atuh. Sok aya malaweungna. Salain cicing di pos ronda, kuring ge apanan sok rajeun patroli ngurilingan kampung. Lamun kabeneran aya bangsat mah, tangtu ku kuring salaku Hansip idaman pasti bakal disiksa! Geus kitu mah, tangtu si bangsat bakal.....

Nu Gelo:
Seuseurian sorangan. Bungah jeung bungah. Hirup euweuh pikiran. Teu mikiran biaya budak sakola, teu mikiran gajihan, teu mikiran resiko keur dapur. Pokona, mun jadi nu gelo mah nikmaaaat tiada duanya! Tapi tong poho, mun jadi nu gelo mah kudu ...

Jomblo:
Nyadiakeun kembang tujuh rupa, endog hayam kampung, udud surutu, jeung sajabana. Tah, mun kabeh sarat geus aya, bikeun we eta kabeh sarat teh ka ....

Tukang Komputer:
Tukang dagang komputer. Engke manehna bakal mere saran naon wae tah cocokna perlengkapan komputer nu kompatibel. Geus barangna lengkep mah, tuluy urang rakit we ku sorangan di imah. Mun geus bisa ngarakit komputer mah, urang pasti ...

Hansip:
Gogoakan jeung menta ampun! Bae disebut maen hakim sorangan oge! Ngenes tuda aing mah! Harga diri Hansip rek ka manakeun coba, lamun ampir unggal peuting aya wae nu kabangsatan mah? Tapi, salaku Hansip sejati dan berpengalaman, kuring boga prinsip yen waktu keur ngajaga kaamanan kampung mah Hansip teh kudu ...

Nu Gelo:
Make baju nu caludih, buuk kudu gimbal, leungitkeun kaera, haramkeun mandi, jeung mun leumpang tuturkeun we indung suku. Nya, kadang oge nu gelo dianggap sampah masarakat. Teu jarang, sok aya wae operasi penertiban nu dilakukeun ku ....

Jomblo:
Dukun. Bah dukun bakal ngajampean eta rupa-rupa sarat nu dibawa ku urang. Geus kitu, manehna mere cai keramat. Tuluy cenah banjurkeun we ka buruan imah mojang nu dipikaresep ku urang. Tapi dasar dukun palsu, angger we kalahkah awewena malik ngewa ka kuring. Mun geus kitu, kuring ngan bisa pasrah bari hate mah angger ...

Tukang Komputer:
Bungah da hasil rakitan komputer urang geus beres tur bisa langsung dihurungkeun. Tah, lamun mimiti ngahurungkeun komputer kade tong poho ....

Hansip:
Nakolan tihang listrik atawa kentongan. Da biasana bangsat mah sok rada mikir dua kali lamun aya nu ngulampreng jaga peuting mah. Bisa oge tah Hansip nguriling patroli kampung bari dibaturan ....

Nu Gelo:
Tibum atawa satpol PP. Euh, eta mah sok rame! Lamun tukang dagang atawa PKL mah sok patingburisat lamun aya operasi Tibum teh. Ari kuring mah nyantey we, pan teu nyaho kasalahan kuring. Paling ge Satpol PP-na ....

Jomblo:
Hayang ngamuk! Da ari ngaran ditolak cinta mah di mana-mana oge matak paburantak kana batin! Mun geus kitu. Kuring ngan bisa nyoba niiskeun maneh. Geus rada rerep, kuring beraksi deui. Kuring embung peunggas harepan kana cinta! Malah kamari mah, kuring usaha deui nyoba ngaheureuyan ....

Tukang Komputer
Colokan listrik! Kade tah tong sagawayah kana urusan listrik mah, kabeh kudu dipariksa. Bisi we engke nyetrum atawa komputerna teu hurung. Mimitina, pasang kabel power. Terus colokkeun. Geus kitu pencet ....

Hansip:
Tukang ronda. Lumayan ari dibaturan nu bagean Siskamling mah kawani teh sok bijil tur asa teteg hate. Jaba nu ngawaskeun pan jadi lobaan. Lamun seug aya bangsatna ge,
kuring sok ngarasa ...

Nu Gelo:
Rada sieun ku nu gelo mah. Maranehna sok bingung kumaha carana newek kuring. Kuring mah malah sok ngarti sorangan. Naek kana truk tanpa dititah atawa dipaksa. Dina truk mah sok loba oge jelema nu geus diangkut, saperti...

Jomblo:
Nyi Ulil, Nyi Marlina, Nyi Wiwin, Nyi Yuyu, jeung rea-rea deui. Tapi maranehna angger we nolak kuring! Teuing kuda kumaha deui yeuh tarekah nu kudu dilakukeun. Jeung maranehna oge geus teu bisa, komo deui lamun bobogohan jeung ....

Tukang Komputer:
Tombol power komputer. Lamun eta teu dipencet, komputer moal bisa hurung. Kade tong ngoprek deui eusi nu aya di CPU. Matakna, ti awal kudu dipasang sing bener. Ulah nepi, komputer geus hurung, der ku urang dioprek deui nu aya di jero CPU-na. Bisa-bisa engke urang kasetrum. Mun kasetrum mah apanan bisa-bisa ...

Hansip:
Bungah kana hate urang! Salain aya nu maturan. Panan kuring ge bisa aya batur ngobrol. Pan waktu teh teu karasa. Jaba moal tunduh. Kadang, sok aya hiju dua warga nu ngahaja miluan ngariung di pos ronda, saperti ...

Nu Gelo:
Bencong, WTS, pengemis, gelandangan, tukang dagang asongan, pedagang PKL. Maranehna katingal sok sedih jeung humarurung. Sabab pakasabanana kaganggu. Tapi jigana ngan kuring wungkul nu teu ngarasa sedih mah. Da gelo mah apanan lain pakasaban alias profesi. Salain kuring, geuning dina truk teh asa aya nu wawuh, awewe jeung lalaki papasangan. Euleuh geuning eta mah ....

Jomblo:
Luna Maya, Aura Kasih, jeung Sandra Dewi mah geus jauh mula melu kudu bogoh ka kuring. Hayalan wungkul! Sanajan na hate leutik mah mun ningali maranehna di TV teh sok ngadadak hayang ....

Tukang komputer:
Pingsan atawa maot. Paur ah ari ngomongkeun kasetrum alatan teu bisa ati-ati mah. Geus loba kajadian jelema tilar alatan kasetrum. Tapi ngomong-ngomong, kuring mah asa reueus ka nu nyieun program komputer, saperti Microsoft nu dijieun ku ....

Hansip:
Mang Udung jeung Mang Juhro. Maranehna mah kajeun keur teu bagean jadwal ronda ge sok rajin ngabantuan nu ronda. Kabeneran maranehna mah resep pisan maen gapleh. Lamun geus maen gapleh, kudu aya kopi jeung udud daun kawung. Sebenerna mah, Mang Udung jeung Mang Juhro teh ...

Nu Gelo:
Pasangan kumpul kebo! Palias tah, geuning beunang oge nu kumpul kebo teh. Teu jiga nu lain, maranehna duan mah narutupan beungeut, bakating ku era meureun. Hakan siah! Mending keneh jadi nu gelo daripada jadi tukang kumpul kebo mah. Memangna ngeunah digaruk keur sapatemon duaan di warung remang-remang? Sok reueus ka Pa Satpol mun geus kieu teh, kahayang kuring mah ...

Jomblo:
Bobogohan jeung maranehna. Beu! Kabayang tah bobogohan jeung Luna Maya atawa jeung ....

Tukang Komputer:
Bill Gates! Heueuh, eta gegedug program komputer cenah nu pangbeungharna sadunya. Padahal baheulana mah Bill Gates teh tukang ....

Hansip:
Ngagali kuburan. Nya, Mang Udung jeung Mang Juhro teh tukang ngagali kuburan di astana gede. Tah, lamun kabeneran euweuh gaweeun, manehna sok rajin mantuan ngaronda. Mun teu kitu, manehna sok ....

Nu Gelo:
Ngubrak-ngabrik PKL atawa ngudag bencong. Tapi da mulia pisan niatna mah demi ningtrimkeun kota. Meureun manehna ningali kaayaan kota nu semrawut teu puguh teh asa ngaganggu kaendahan jeung katartiban. Pokona mah: HIDUP SATPOL!


© Abah Amin



Follow:
Instagram twitter