Guha Aheng

share to whatsapp

Katelah di hiji leuweung aya hiji guha nu kawilang ahengna. Ngan teu sambarang jelema nu bisa manggihan eta guha. Ceuk carita mah, sing saha wae anu bisa manggihan eta guha..bakal ditedunan sagala pamentana. Saratna, pas asup dina lawang guha kudu langsung nyebutkeun kahayangna.

Nya hiji waktu kabeneran aya 3 pamuda nu manggihan eta guha. Eta guha bener-benr nyingkur di hiji tempat. Jeung eta guha kaayaanana rada kalalotor ku kekebul. Mimiti, pamuda kahiji asup. Pas kana lawang guha manehna pok ngomong:

“Kuring mah hayang emas sapeti!” Jreng! Bener we, hareupeunana jug aya emas sapeti. Pamuda kadua milu nuturkeun bari terus ngomong: “Kuring hayang duit sa lomari!” Jreng! Dihareupeunana aya duit gepokan salomari. Giliran pamuda nu katilu, manehna karek asup na lawang guha, tapi awakna pinuh ku kekebul nu muragan tina luhur lawang guha. “Puuuuh!” pamuda katilu niupan kekebul heula nu aya dina leungunna. Na atuh, jreng teh, eta pamuda dadak sakala jadi:
boneka Winnie The Pooh!




Follow:
Instagram twitter