Banyolan Sato

share to whatsapp

Di deukeut kebon, aya anak ucing keur anteng ngorehan runtah. Sabot keur kitu, aya sapi bikang ngaliwat. Eta sapi bikang terus ngomong (maksudna mah rek ngalelewe):
“Yeuh, anak ucing! Kuring mah teu ngarti...maneh mahj leutik-leutik geus kumisan.” omong sapi bikang. Si anak ucing embung eleh terus ngajawab:
“Daripada maneh! Gede-gede, ari susu kamana mendi bari teu dikutangan!”

***
Hiji waktu, sapi bikang keur paadu gunem jeung hayam.
Hayam: “Urang mah teu ngarti ka bangsa jelema.”
Sapi bikang: “Kumaha kitu?”
Hayam: “Coba we pikir, tileuleutik kuring diurus, dimandian, dibere parab nu hade, dipariksa kasehatan. Eh, geus gede kalah dipeuncit!”
Sapi bikang: “Eta mah teu sabaraha. Kuring mah ti leuleutik diurus...geus gede susu diperes jeung diramesan, tapi teu dikawin-kawin!”



***
A: “Naon sababna tiap isuk-isuk hayam jago sok kongkorongok bangun nu sugema?”
B: ”Kahiji: pamajikanana loba...nu kaduana: manehna teu boga mitoha hiji-hiji acan!”

***
Jagong: “Ih, meni euweuh ka era maneh mah!”
Jambu Monyet: “Na kunaon kitu?”
Jagong: “Eta coba, siki hiji oge meni ditembong-tembong, sombong pisan!”
Jambu Monyet: “Daripada maneh! Awak dibulen sababaraha lapis....ari bulu kamana-mana!”
Kuda: “Heueuh...ngerakeun!”
Jagong: ”Daripada maneh kuda!”
Kuda: ”Kunaon kitu?”
Jagong: “Suku kabeh disapatuan..ari awak bubulucunan!”

**
Gajah: “Ngerakeun maneh mah onta!”
Onta: “Kunaon kitu?”
Gajah: “Eta, susu sadua-dua kalah jadi dina punduk, heuheuy deudeuh!”
Onta: “Maneh ge! Bobogaan badag, kalah jadi dina irung!” © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter