Pel Tidur

share to whatsapp

Aya hiji pasen lalaki bangun nu lungse jeung pias sabab kurang sare asup ka rohangan dokter.
“Aya masalah naon saderek teh?” tanya dokter.
“Kieu dok. Unggal peuting kuring teh hese sare. Rek bisa sare kumaha atuh, kabeh tatangga kuring boga anjing. Tah eta anjing-anjingna teh unggap peuting ngaogogog wae. Jadi kuring teu bisa sare tibra.” Si pasen ngajelaskeun sabab musabab manehna teu bisa sare.
“Aah, gampil atuh eta mah. Ieu aya pel tidur. Sok cobian heula geura. Pasti cespleng lah! Tah kanggo ningali hasiatna mah, saderek tiasa sumping deui kadieu minggon payun” ceuk eta dokter bari mere pel tidur sabungkus.

Heuleut saminggu, eta pasen datang deui. Kaayananan leuwih ripuh tibatan minggu kamari.
“Wah dok, sesah pisan geuning ngangge pel tidur teh. Teu aya hasilna, angger we abdi teu tiasa tibra. Malahan leuwih parah tibatan minggu kamari...” ceuk pasen ka dokter. Si dokter heran.
“Naha, eta pel teh matih pisan padahal mantak tunduh kanu nginumna.” Ceuk dokter. Si pasen tuluy ngajelaskeun:
“Muhun, dok. Nu jadi masalah, saprak dibere eta pel tidur kuring jadi leuwih cape. Bayangkeun we, unggal peuting kuring kudu nungguan anjing nyampeurkeun. Nya lamun teu nyampeurkeun ku kuring didatangan baris diinuman pel tidur ti dokter. Nya aya hasiatna, aya sababarah anjing sare tur jempe ngagogogna. Ngan apanan teu kabeh anjing bisa dibere pel tidur ku kuring!”



Follow:
Instagram twitter