Rarangkén Tukang –na

share to whatsapp

Diajar basa Sunda.jpg

Rarangkén tukang –na téh rarangkén anu diréndonkeun di bagian tukang kecap dasar. Nulisna dihijikeun jeung kecap dasarna.

Contona dina kalimah:

1. Manéhna téh sakelas jeung kuring.
2. Anjeunna téh sakelas sareng abdi.

Dina conto kalimah di luhur aya kecap “manéhna” jeung “anjeunna”; upama dirucat mah kieu:

1. manéh + -na = manéhna
2. anjeun + -na = anjeunna

Titénan kecap “anjeunna”, dituliskeunana maké dobel “n”, henteu “anjeuna”. Éta téh kieu: “n” anu kahiji tungtung kecap “anjeun”, ari “n” anu hiji deui awal rarangkén –na. Jadi, upama rarangkén tukang –na diréndonkeun kana kecap dasar anu ditungtungan ku hurup “n”, dituliskeunana jadi dobel “n”.

Conto séjénna:

1. bulan + -na = bulanna
2. ngaran + -na = ngaranna
3. karuhun + -na = karuhunna
4. badan + -na = bandanna
5. dijieun + -na = dijieunna
6. dilahun + -na = dilahunna
7. miceun + -na = miceunna
8. ngalamun + na = ngalamunna
9. alun-alun + -na = alun-alunna
10. jalan-jalan + -na = jalan-jalanna

Rarangkén tukang –na miboga alomorf (variasi) –ana jeung –nana.

Alomorf –ana dipaké dina kecap anu geus dirarangkénan ku rarangkén tukang anu tungtungna aksara (konsonan) “na”, nya éta: rarangkén tukang –an, -eun, jeung –keun.
Contona (titénan cara nuliskeunana!):

1. beulieun + -na = beulieunana
Lain beulieunna atawa beulieunnana.

2. opatan + -na = opatanana
Lain opatanna atawa opatannana

3. ngajalankeun + -na = ngajalankeunana
Lain ngajalankeunna atawa ngajalankeunnana.

4. kalakuan + -na = kalakuanana
Lain kalakuanna atawa kalakuannana

5. pagawéan + -na = pagawéanana
Lain pagawéanna atawa pagawéannana.

6. kukudaan + -na = kukudaanana
Lain kukudaanna atawa kukudaannana.

7. pipilueun + -na = pipilueunana
Lain pipilueunna atawa pipilueunnana

8. digorolong-gorolongkeun + -na = digorolong-gorolongkeunana
Lain digorolong-gorolongkeunna atawa digorolong-gorolongkeunnana.

Iwal upama éta rarangkén téh geus awor jeung kecap dasarna sarta geus jadi istilah anu mandiri.

Contona:

1. wawanén, asalna tina “wawanian”
wawanén + -na = wawanénna

2. pangantén, asalna tina “pangantian”
pangantén + -na = panganténna

3. pasantrén, asalna tina “pasantrian”
pasantrén + -na = pasantrénna

4. kabupatén, asalna tina “kabupatian”
kabupatén + -na = kabupaténna

5. paguron, asalna tina “paguruan”
paguron + -na = paguronna

6. pakuwon, asalna tina “pakuwuan”
pakuwon + -na = pakuwonna

7. pasapon, asalna tina “pasapuan”
pasapon + -na = pasaponna

Alomorf –nana mah dipakéna henteu loba, ngan aya sababaraha kecap baé, di antarana:

1. dua + -na = duanana
2. éta + -na = étanana atawa étana

Salian ti éta, aya ogé iwalna, saperti dina kecap “naon”.
1. naon + -na = naonana atawa naonna

Sumber: Facebook Pamedar Basa Sunda


Follow:
Instagram twitter