Cara Nuliskeun Rarangkén Tukang -keun jeung -eun

share to whatsapp


Perhatikeun conto kalimah di handap!
(1) Ambéh téréh garing mah, poékeun atuh baju téh!
(2) Geura balik geus soré, bisi poékeun di jalan!

Dina kalimah di luhur aya kecap “poékeun”. Sarua nulisna, sarua deuih ngucapkeunana ogé. Tapi saenyana mah miboga asal kecap anu béda. Dina kalimah (1), asalna tina kecap “poé”, diwuwuhan ku rarangkén tukang -keun. Kecap “poékeun” di dinya ngandung harti “sina kakeunaan panonpoé”. Ari dina kalimah (2) asalna tina kecap “poék”, terus maké rarangkén tukang -eun. Kecap “poékeun” dina kalimah (2) mah ngandung harti “kaayaan anu poék”. Bisa disebutkeun kieu, kecap “poékeun” dina kalimah (1) ngandung rarangkén tukang -keun, ari dina kalimah (2) ngandung rarangkén tukang -eun.

Sangkan urang bisa nangtukeun, naha éta kecap téh ngandung rarangkén tukang -keun atawa rarangkén tukang -eun, bisa dipapandékeun jeung wangun kecap anu sarua. Kecap anu ngandung rarangkén tukang -keun, upamana baé: asupkeun, alungkeun, garingkeun, jauhkeun, caangkeun. Kecap anu ngandung rarangkén tukang -eun, di antarana: peutingeun, embungeun, bawaeun, beulieun, resepeun, sonoeun. Kecap “poékeun” dina kalimah (1), boh wangunna boh hartina, ngandung unsur nu sarua jeung kecap “garingkeun”. Ari dina kalimah (2) miboga wangun jeung unsur ma’na nu sarua jeung kecap “peutingeun”.

Ayeuna perhatikeun deui kalimah-kalimah di handap!

(1) Béakkeun sanguna ari dahar téh, ulah disésakeun kitu!
(2) Arék dahar téh béakeun sanguna, ari deungeunna mah loba.

Dina kalimah (1) aya kecap “béakkeun”. Asalna tina kecap “béak” diwuwuhan ku rarangkén tukang -keun. Anu matak cara nuliskeunana ogé ngandung dua konsonan k anu ngaréndéng. Hurup k anu kahiji mangrupa tungtung kecap asalna nya éta “beak”, ari k anu kadua mangrupa awal rarangkén tukang -keun. Béda apan jeung kecap “béakeun” anu aya dina kalimah (2). Di dinya mah kecap “beak” téh diwuwuhan ku rarangkén tukang -eun. Anu matak dina nuliskeunana ogé, k-na hiji. Bandingkeun baé atuh jeung ragam basa hormatna: béakeun = séépeun; béakkeun = séépkeun.

Béda hartina antara:
- béakeun jeung béakkeun
- colokeun jeung colokkeun
- kocékeun jeung kocékkeun
- kontrakeun jeung kontrakkeun
- pelakeun jeung pelakkeun
- tarikeun jeung tarikkeun

Sangkan leuwih karasa bédana mah, pék larapkeun dina kalimah!'

Sumber: Facebook Pamedar Basa Sunda


Follow:
Instagram twitter