Lirik Lagu Amit-Amit - Riska Prorina

share to whatsapp


Teu kabeneran boga kabogoh cunihin
Loba alesan réa omong gedé rahul
Ngakuna mah artis tampang kerén tapi boké
Ti barang panggih encan pernah barang béré

Da Akang ogé kabelejog mikabogoh
Cadu teu hayang mun nyaho tukang nyéléwéng
Rumasa geulis itu ieu dilayanan
Cinta diobral dianggap barang loakan

Lamun Akang geus teu bogoh
Boga rasa kabelejog
Naha ku naon... lain mutuskeun
Bobogohan gé percumah ngan saukur jeding biwir
Lalaki boké pait cadu barang béré

Lamun Akang teu karunya hayang putus ti baheula
Tapi teu téga inggis Nyai frustasi
Awéwé mah teu payaan sok gancang kausap sétan
Mun diputuskeun sok sieun ngadadak édan

Amit-amit lalaki cunihin (sabodo)
Amit-amit cadu ngajak ulin (sawios)
Amit-amit lalaki cap jahé (sawios)
Amit-amit cadu barang béré (sawios)


Follow:
Instagram twitter