Kampung Seni Budaya ECO Bambu Cipaku

share to whatsapp

ECO Bambu Cipaku Bandung

Education Cipaku Oase (ECO) Barisan Muda Bandung Utara atawa nu katelah ECO Bambu Cipaku perenahna aya di kawasan Cipaku Indah, Jln. Dr. Setiabudhi/Ledeng Bandung. Ieu mangrupakeun kampung seni budaya Sunda nu wangunanna tina awi. Arah asupna ti pengkolan pas pudunan Kampus UPI ka perumahan Cipaku Indah.  ECO Bambu Cipaku mangrupakeun tempat rekreasi nu lain saukur magelarkeun hiburan kasenian, tapi oge tempat edukasi. Di dieu, biasa diayakeun rupa-rupa kagiatan kayaning kaulinan barudak, latihan angklung, pencak silat, nepi rampak kendang.

ECO Bambu Cipaku aya di lingkunan The Cipaku Garden Hotel. Salian ti kampung seni budaya, di dieu aya Kolam Renang Bukit Cipaku Indah, Restoran Kemangi, area pemancingan, jeung leuwung kota. Di ECO Bambu cocok pisan pikeun ngayakeun kagiatan kopi darat, reuni, resepsi pernikahan, nguseup babarengan, event seni budaya, pameran, atawa kunjungan ti sakola jeung kampus.

Pikeun baraya nu wisata kulawarga, bisa mawa barudak nguseup, ngojay, atawa diajar latihan seni Sunda samodel angklung di saung-saung. Oge baraya nu ngayakeun acara gathering/kopi darat bisa ngagunakeun area taman nu lumayan lega di gigireun kolam pemancingan. Pikeun nu mondok, tong hariwang aya The Cipaku Garden Hotel nu bisa di-booking ngaliwatan kontak nu aya di handap.

Kaayaan di sabudeureun ECO Bambu Cipaku estu tumanihah. Hawana masih keneh seger jeung kaayanna bareresih. Di area hotel, taman, jeung kolam pemancingan ngahaja sina alami ku ayana tatangkalan jeung walungan leutik nu caina asli keneh ti cinyusu (mata air) kawasan Ledeng. Di dieu oge aya saung-saung pikeun tempat niis atawa balakecrakan botram. Fasilitas lainnya aya jogging track, mushola, jeung tempat parkir nu lega.

ECO Bambu Cipaku
Jln. Cipaku Indah XII No. 8
Kelurahan Ledeng, Bandung
(Gigireun Kolam Renang Cipaku)
[Peta lokasi]
Telepon: 0857-2270-0945

Angkutan umum:
1. Angkot Cicaheum - Ledeng
2. Angkot Kebon Kalapa - Ledeng
3. DAMRI Leuwipanjang - Ledeng
4. Angkot Stasion/Ciroyom - Lembang 
 * Turun di pengkolan pudunan Kampus UPI, meuntas ka jalan asup Perumahan Cipaku Indah (pangkalan ojeg)



Follow:
Instagram twitter