Euis Komariah

Euis Komariah nyaeta salah saurang juru kawih tembang Sunda Cianjuran jeung juru kawih degung. Karesepna kana tembang sunda geus dimimitian saprak manehna leutik. Malahan mah dina umur 9 taun manehna teh geus pinter nembangkeun tembang-tembang Sunda. Kelas 4 SD, anjeunna geus naek panggung jadi juru kawih.

Sajumlah pasanggiri tembang Sunda kungsi dipiluan. Dina ampir saban pasanggiri anu dipiluan, pamajikan koreografer Sunda nu kawentar – Gugum Gumbira – ieu sok jadi pinunjul. Tapi anu pangnapelna dina hate manehna mah nyaeta pasanggiri anu diayakeun ku Damas dina taun 1962, mangsa eta manehna karek umur 13 taun. ”Dina kategori tembang Sunda cianjuran ieu manéhna jadi jawara kadua. Memang, waktu eta Euis kakara mimiti miluan pasanggiri, sumawona tembang Cianjuran tacan lila diteuleuman. Pasanggiri Damas dua taun saterusna, 1964, rada istimewa pikeun menéhna, alatan sakaligus miluan leuwih ti hiji kategori. Di dieu manehna hasil meunangkeun sababaraha piala. Taun 1977 nyaeta taun pamungkas pikeun Euis miluan pasanggiri.
Sora indung ti opat anak awewe ieu kacida halimpu. Sipat sorana pas pikeun nembangkeun tembang Sunda. Ngaliwatan grup seni Sunda ”Dewi Pramanik” tuluy ”Jugala” – grup seni Sunda sarta studio rekaman anu diadegkeun babarengan jeung salakina – Euis ngarekam tembang, kawih sarta degung. Sajaba ti eta, Euis oge nyieun sababaraha lagu, anu kawentar diantarana nyaeta Kutamaya.
Minangka guru mamaos, Euis dipikawanoh tulaten nungtun murid-muridna dina ngawasa teknik vokal. Sawatara pangajen widang kasenian ditarima ku Euis. Dina taun 1988 manehna dibawa ku Nano S. ngirilingan dayeuh-dayeuh di Jepang. Tanggal 11 Agustus 2011, Euis ngantunkeun urang sadayana, di kuburkeun di lembur anjeunna, Desa Wangi Sagara, Majalaya.
Sumber: www.su.wikipedia.org
Follow:

