Profil Grup Lawak D'Bodor

D'Bodor kaasup grup lawak legendaris Indonesia. Grup lawak ieu diadegkeun taun 1970-an kalayan anggota: Bah Us Us, Sup Yusup, jeung Rudy Djamil. Taun 1983 aya parobahan formasi D'Bodor, anggotana robah jadi: Bah Us Us, Yan Asmi, jeung Kusye. Grup D'Bodors katelah mintonkeun lawakan, lain wae dina bojegan tapi oge dina wanda lagu jeung gerak.

Yan Asmi di Acara "Pas Mantap" - Trans 7
Formasi Kusye, Abah Us Us (nu katelah sok make paniti badag) jeung Yan Asmi, gaya lawakanna kaitung beda jeung group-group lawak sejenna. Lain wae mintonkeun banyolan lucu tapi oge dina lagu jeung gerak. Contona lagu, 'Gadis Manis Bau Jengkol" jeung "Cinta Siku-siku'. Taun 2010 kamari, Abah Us Us, meunang pangajen ti FFB (Forum Film Bandung). Bareng jeung aktris senior Nani Wijaya, Abah Us Us kasinugrahan Lifetime Achievement ti FFB nu lumangsung tanggal 23 April 2010.
Kusye di acara Hariring TVRI Jabar.
Lagu D'Bodors:
D'Bodors - Cinta siku siku
D'Bodors - Hey Jude
Foto cover kaset D'Bodors:
Kiwari, Kang Kusye salaku personil D'Bodor nu masih keneh nyesa dina 23 Juli 2011 ngabentuk Neo D'Bodor bareng Kang Benny Syafaat, penyiar kahot sakaligus penulis naskah sinetron. Ari dina manggung mah tetep mertahankeun banyolan-banyolan, utamana mun jadi MC (Master of Ceremony). Baraya nu peryogi kontak Neo D'Bodor tiasa kontak langsung ka Kang Kusye di nomer HP: 0817 431 527 atanapi 0852 2126 5826.
![]() |
Neo D'Bodor: Kang Benny Syafaat & Kang Kusye |
Follow:

