Mancerod Idol

share to whatsapp

Ari hayang jadi jelema kakoncara jaman kiwari mah teu hese. Loba jalan pikeun arah kadinya. Komo panan di stasiun TV mah sok diayakeun ajang pencarian bakat, saperti nu udal idol atawa got talent alias mencari bakat tea. Malah, lolobana nu miluan mah hayang jadi artis. Atuh meureun kaditu sugan kacepretan kawentar saperti Delon Idol, Gita KDI, Mawar AFI, atawa Putri Ayu IMB.

Tah, Neng Enot ge panan hayang miluan coba-coba peruntungan. Da sora mah alhamdulillah geus boga modal. Tina vibra jeung pitchcontrol ge panan asa deukeut-deukeut ka sora Agnes Monica. Kajeun jauh ti bedug, datang ti lembur nu masih keneh loba leuweung bakekotan... manehna nekad ngadu nasib miluan ajang iidolan di salah sahiji stasiun TV. Manehna ngahaja milu audisi di kota nu deukeut jeung lemburna. Ari rasa PD jeung kawani na sora mah wani ngadu jeung nu lian lah.

Ngan eta, waktu manehna kabagean giliran audisi. Asa helok ningali artis pujaan jadi juri. Tuur mimiti nyorongcod. Komo basa ningali kamera nu nyanghareupan manehna mah.
"Siapa namanya?" tanya juri nu memang Nyi Enot ngefans pisan ka manehna.
"Euh..euh.. Enot Surtiningsutati!"
"Mau membawakan lagu apa?"
"Lagu dar...dari... Mahadewi!"
"Siap? Silakan mulai menyanyi, buktikan Anda pantas jadi idola!"

Neng Enot ngatur napas. Kesang tiis kaluar. Tapi, da sahenteuna ge manehna pangalaman pernah ngeusi panggung agustusan di lembur. Antukna manehna mimiti ngahaleuang bari ngagaya saeutik:

Ayang-ayangku
Ayang-ayangku
Kaulah anganku
Kaulah khayalku
Sudah saatnya untuk aku nyatakan
Apa yang kini ada di hatiku
....

Ayang-ayangku
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo....

Neng Enot teu nyadar yen lirik laguna geus mengkol jauh... kana kakawihan nu mindeng dihaleuangkan waktu manehna keur budak!


Lagu "Ayang Ayangku" (Mahadewi feat. Ahmad Dani & The Law)




Follow:
Instagram twitter