Nawar

share to whatsapp

"Sabaraha, Bu?"
"18.500"
"Teu lepat?"
"Panan sesuai kartu. Tingal we dina daptar tarif di luhur! Bapa tadi teu ningal heula?"
"Henteu. Manawi teh tiasa 7000. Teu awis teuing Bu sakitu?" tanya saurang lalaki nu anyar nyupiran ka kota.
Nu ditanya ngan terus nampanan leungeun.
"Mana artosna, Pa?"
"Kirangan atuh, Bu! Meni teu tiasa ditawis! Sok we, kuring moal indit can hargana turun mah! Cik atuh sing karunya ka abdi, Bu. Abdi mah mung saukur buburuh supir. Ieu ge mung nuju ngiangkeun kalapa ti lembur!"
"Cik atuh Pa sing ngartos! Atos sakitu biasana ge..."
"Lah, abong ka rahayat leutik mani euweuh perikemanusiaan pisan!"
"Enggal atuh, Pa!"
"Teu tiasa turun 1500 wae mah?"
"Henteu!"
"Ah, bener kejem pisan!"
"Sanes kitu Pa. Ieu mah tos aturan!"
"Aturan saha? Aturan Uwa Ibu?"
"Ih... sanes Pa. Enggalkeun atuh Pa!"

Tidiiiid...tidid!! Tiiiiid!!
Ti tukang sora klakson geus reang... di hiji gerbang pembayaran kaluar jalan tol nu keur meujeuhna sibuk pisan.





Follow:
Instagram twitter